Kaca:Wawacan Pareumeun Obor I.pdf/45

Ieu kaca geus divalidasi

jisim abdi ngan bati watir nya ningal.

Margi abdi seseepan, soson-soson nyiar rijki, teu aya nu dibelaan, mung ibu sareng pun adi, abdi teu melang teuing, ka ibu ayeuna ngantun, ibu kedah wayahna, nuluykeun usaha abdi, samemehna jisim abdi kenging peta.

Ngalajengkeun cocooan, ngadamel teu abot teuing, kangge sakalieun tuang, duaan sareng pun adi, Salim bari ngalirik ka Salamah, nu ngaheruk, pokna kudu wayahna, Amah rek ditinggal indit, masing suhud ka ibu nya ngawulaan.

Sing nurut ka piwurukna, jamakna cape saeutik, adatna anu miskin mah, kudu nandangan prihatin, sarta narima takdir, tutulisan ti lohmahpud, sakieu bagja urang, anu tumiba kiwari, taya lian ngan kudu sabar tawekal.

Nyi Salamah pok ngajawab, bangun anu erek ceurik, na engkang bade ka mana, bade ninggalkeun ka abdi, naha bet tega teuing, kumaha abdi jeung ibu, geusan panyalindungan, saha nu welas ka abdi, nineung keueung upami jeung engkang anggang.

Ibuna ngan bati welas, ngadangu Salim weweling, jeung sasambatana Salamah, wirehing bakal patebih, ibuna pok ngalahir, naha rek ka mana Agus, anu erek diseja, ibu karareueung teuing, ka Batawi ceuk Salim jeung dumareuda.

ASMARANDANA.

Ibuna ngalahir deui, nyaur bari cumalimba, ibu sambung dunga bae, puguh ari kahayang mah, hayang ulah papisah, jeung anak ulah pajauh, paeh-hirup reureujeungan.

Tatapi sakitu deui, ibu moal bisa nyaram, kari karep Ujang bae, dalah nu beunghar jeung menak, jeung kolot pipisahan, ngalumbara ka nu jauh, neangan harti jeung harta.

Angot urang anu miskin, tur teu sabraha jauhna, jero Pulo Jawa keneh, kapan geuning nu lian mah, nyalebrang ka Eropa, urang Eropa nya kitu, daratang ka Pulo Jawa.

Ngan ibu banget weweling, piwulang ibu ka Ujang, ingetkeun ulah rek poho, jalankeun kamanusaan, sipat kautamaan, sing

42