Kaca:Wawacan Pareumeun Obor I.pdf/46

Ieu kaca geus divalidasi

asih ka sakur mahluk, ulah pilih sejen bangsa.

Manusa darajat leuwih, nu geus bisa ngaji rasa, kalawan prakna migawe, asih ka sagala bangsa, sepi tina pangarah, tutulung ka nu keur bingung, nalangan anu keur susah.

Jalma nu pinuh ku asih, gelarna di bumi alam, pinuh ku kamulyan hate, taya karisi karempan, ngambangkeun kersa Allah, panuhunna ka Yang Agung, salamet eusina alam.

Nu kitu salamet pasti, dunya reujeung aheratna, nu pinuh ku wening hate, baktina salalawasna, anu taya pegatna, nyembahna ka Maha Agung, metakeun kamanusaan.

Lamun Gusti Maha Suci, teu ngaganjar ka manusa, ku kasucianing hate, adil jeung sabar tawekal, asih ka mahluk Allah, hirupna enggeus tinangtu hamo manggih kasenangan.

Poma Ujang kudu eling, ulah weleh nya ihtiar, paneneda ka Yang Manon, malar manggih kamulyaan, saratna taya lian, ati Ujang kudu kukuh, metakeun kautamaan.

Mun Ujang geus di Batawi, pareng meunang pagawean, poma sing suhud jeung getol, nurut parentah dunungan, sakumaha mistina, jeung batur sagawe rukun, mun susah silih tulungan.

Ulah rek paaing-aing, pagirang-girang tampian, sok hayang Kapake dewek, ulah cempadan kelakan, mun batur nyorang salah, elingan malar rahayu, ku basa asor jeung rendah.

Ulah rek ngulik nalungtik, kasalahan anu lian, malar eureun tina gawe, sorangan ngarah pujian, ngagantian pangkatna, nu kitu ngaranna hasud, hiri dengki jeung hianat.

Ahir malindes ka diri, uteuk tongo walangtaga, na tarang batur katembong, gajah depa teu karasa, dina tarang sorangan, hayang untung anggur buntung, sorangan anu cilaka.

Lamun Ujang pareng manggih, darajat harta boh pangkat, poma Ujang mangka hade, ulah salah panarima, bisina boga rasa, darajat diaku-aku, rasana meunang sorangan.

Teu inget ka nu maparin, Pangeran nu murba jagat, dipake reueus bedegong, malah kudu tambah reuwas, bisina jadi pitnah, panyungkun ti Maha Agung, Ujang kudu tambah rosa.

Baktina ka Maha Suci, darajat pake ibadah, pake bakti ka Yang Manon, sing rea amal sidekah, ka pakir nu masakat, sabab

43