Kaca:Wawacan Pareumeun Obor I.pdf/47

Ieu kaca geus divalidasi

Gusti Maha Agung, gampangeun mun karsa ngudar.

Nu beunghar ngajadi miskin, ku jalan sakedep netra, tur mahluk teu bisa nyaho, rea nu geus kajadian, ku kawasana Allah, jagjag sore paeh isuk, teu beunang dikira-kira.

Sabalikna kitu deui, mun pareng panggih jeung lara, meunang cocoba Yang Manon, poma ulah goreng sangka, nyasalah ka Pangeran anggur kudu wuwuh suhud, rosa neda panghampura.

Sabab mungguh Maha Suci, ana rek maparin bagja, urang tara bisa nyaho, terkadang dicoba heula, ku lara jeung masakat, mun sabar tawekal untung, mun aral tambah cilaka.

Poma Agus masing eling, sing nyaho di harga badan, hargana mangewon-ewon di dunya taya bandingna, ulah rek dimumurah, mun nincak lampah teu patut, nu nista lampahing hina.

Sami jeung ngaruksak diri, jadi teu aya hargana, lamun teu ngajian dewek, komo ku batur dihina, demi peta ngajian, milaku lampah nu alus, nyingkahan lampah nu salah.

Jauhkeun sirik jeung pidik, sumawon dengki hianat, kabeh tingkah laku goreng, nu dicawad ku agama, sakabeh laku nirca, sucikeun ati sing mulus, sing asih ka sakur bangsa.

Poma sing nyaah ka diri, reujeung ka turunan urang, sabab lampah hade-goreng, saibarat pepelakan, sok nurutkeun binihna, lamun bibitna nu alus, anakna oge teu beda.

Anu goreng kitu deui, tinangtu goreng jadina, poma masing jadi conto, sing inget ka paribasa, ceuk sepuh nu baheula, anu punjul jalalamhur, geuning jadi kacapangan.

Wong enom darma lakoni, wong tua gawe wiwitan, eta geus jadi ciciren, mungguh nu awas waspada, tangtu terang katalar, poma Ujang kudu jungjung, piwejang jalma utama.

Ujang oge bisa milih, lampah nu bener nu salah, meureun Ujang remen ngilo, maca buku di sakola, rupa-rupa tuladan, sakabeh jadi pitutur, ka sakur anu maraca.

Sakitu ibu weweling, poma kudu dilampahan, sakur tingkah laku hade, kadua kudu dijaga, hal kasehatan badan, sabab mun gering rurumbu, samar manggih kasenangan.

Demi kasehatan diri, banda modal panggedena, sehat anu jadi poko, keur neangan kasenangan, beunghar jeung kapinteran,

44