Kaca:Wawacan Pareumeun Obor I.pdf/50

Ieu kaca geus divalidasi

lantaran nurutkeun napsu, teu bisa metakeun rijki, karek kaduhung geus nombro.

Lantaranna eta nu sarupa kitu, kawitna teu aya deui, asal tina susah bingung, juljol jalma nu naragih, tungtungna sabuntar-bentor.

Henteu ketang larangan oge dilarung, teu merduli duit pait, tina bawaning ku bingung, dibelaan subat-sabit, kana bebeneran poho.

Omongna mah paribasa henteu cukup, padahal hentu dipikir, lain gajih nu teu cukup, tapi napsu nu teu mahi, karepna terus didolos.

Si napsu mah atuh lamunna dijujur, ulah boro gajih leutik, sanajan ratusan rebu, moal burung budal-badil, lamun napsu mangprung merod.

Najan pinter ngalana ratusan rebu, tapi makena teu apik, eta henteu leuwih untung, ti batan nu leutik apik, jeung gede gajih corobo.

Angot deui mun pake madat jeung ngadu, lacur mabok nginum sopi, nyorang lampahing M tujuh, diri baya duit ledis, rea nu geus jadi conto.

Eukeur ibu waktu di Betawi matuh, boga tatangga ngabanding, gajihna teh dua ratus, didamelna di Batawi, jadi bukhower di toko.

Ari mama Ujang gajih lima puluh, ibu sok heran teh teuing, lamun abis bulan tangtu, rabul jalma nu naragih, cekcok ngaromong sarongong.

Jeung istrina pasea meh unggal waktu, istrina midangdam ceurik, sok remen datang ka ibu, menta tulung nginjeum duit, lamun geus teu bisa ngejo.

Ku lantaran geus sereg hutang ka warung, ka unggal tempat geus rimbil, hutangna ngenca-ngatuhu, estu teu aya pangaji, hina teu aya nu nenjo.

Carogena sok ngamadat sarta lacur, mabok remen nginum sopi, ka bojo gawena ngamuk, watek perbawana sopi, geus ngaruksak kana polo.

Ahirna teh eta bukhower dihukum, bejana mah maling duit,

47