Kaca:Wawacan Pareumeun Obor I.pdf/52

Ieu kaca geus divalidasi

Maha Suci, mun panggih jeung susah sanggup, rek sabar narima takdir, sing husu ulah rek bohong.

Alusna mah unggal peuting niat kitu, jero ati seja jangji, nu bakal kasorang isuk malak mandar dipiasih, meunang rahmat ti Yang Manon.

Enggeus beak sakitu piwuruk ibu, poma Ujang masing tigin, jalankeun malar rahayu, meunang pitulung Yang Widi, urang darma ngalalakon.

MIJIL.

Ujang Salim ngadangu weweling, estu leuwih ngesto, ngaregepkeun melong henteu meleng, ngangres ngenes saredih watir, cipanonna bijil, inget bakal ngantun.

Ibuna ge nyurucud citangis, baluas memeh los, anu aya ngan sumelang bae, malum reujeung anak rek tebih, ngan reuwas jeung risi, jro galihna paur.

Paur inggis panggih jeung balai, jero ngalalaku, turug-turug di nagara rame, taya wargi keur titip diri, kawuwuh rek kuli, anu acan puguh.

Panggalihna dibulak dibalik, tungtungna mah longsong, dilelejar ku anjeunna bae, dipasrahkeun ka Maha Suci, narima ka takdir, tulis ti lohmahpud.

Kacarios piisukeun indit, Salim geus nyarios babawaan geus sadia beres, cengcelengan dibobok rapih, keur bekel jeung karcis, aya dua puluh.

Ti peutingna tatangga nu tebih, daratang ngarendong, sobat-sobat Patimah sakabeh, nyalametkeun anu rek indit, Nyi Lurah ge sumping, jeung caroge rawuh.

Ngabangbrangkeun nu ditinggal indit, rame nyararios, Ujang Salim ngadedempes bae, di jro kamer teu bijil-bijil, bari mikir-mikir, pilampaheun isuk.

Jro pikirna suka campur sedih, suka reh rek mios, sedih dumeh ku baluas hate, rek papisah reujeung kakasih, nu pake kaeling, Salamah jeung ibu.

Nu ngarendong nepi tengah peuting, pada garuguyon, Nyi

49