Kaca:Wawacan Pareumeun Obor I.pdf/53

Ieu kaca geus divalidasi

Patimah rada janglar oge, pangawatir nungtutan leungit, teu hareneg teuing, kalah rea batur.

Enggeus dengek ciciren janari, hayam kongkorongok, soarana tarik ngadarengek, kawas anu marilu sedih, dibarung ku jangkrik, bangun nu ngaheruk.

Beurit oge milu tingjarerit, cakcak rame cekcok, estu matak ngarakacak hate, sato leutik bangun nu watir, cihcir langgir kasir, milu ngahareruk.

Ngiring sedih ka anu rek indit, jam dua geus cekcok, nu mareuting geus harudang kabeh, Ujang Salim geus dangdan ginding, bajuna jas gading, sarung batik gadung.

Bendo rancung batik sisi nyempring, patlotna narongtot, dina saku luhur redes beres, buku notes na saku leutik, katembong saeutik, cakep ringsig segut.

Nyi Patimah gugup gusak-gasik, enggeus nganggo-nganggo, Nyi Salamah oge kitu keneh, rek nganteurkeun enggeus sayagi, tasna geus ngabanding, nunggu pukul tilu.

Bapa Astra jeung nini paraji, geus sadia obor, wantu bulan keur sedengna poek, babawaan geus dijaringjing, teu aya nu kari, rek ka setatsiun.

Geus bismillah tujuy bral arindit, cahya obor obyor, saeusina enggeus budal kabeh, pada jajap praistri-istri, lalakina Salim, jeung Astra ti payun.

Mawa obor dikupat-dikapit, Patimah mah tonggoy, jongjon cicing teu nyaur sakemek, tina sanget baluas galih, nahankeun kasedih, angenna ngagenduk.

Ngagaridig arangkatna istri, henteu pati jongjon, sadayana gagancangan bae, malum muru kareta api, pukul lima enjing, ti wetan kreta dur.

Ku lantaran lalakonna tebih, henteu aya sado, malum kota masih sepikeneh tiis jempling hawa ti peuting, wungkul nu kakuping, sora sato lembut.

Kacaturkeun ka pos prantos tepi, Tarlan keur ngadago, enggeus nyampak eukeur lujag-lejeg, tuluy bae mareuli karcis, ka Mester Kornelis, nu erek dijugjug.

Pukul lima dua puluh menit, kareta geus sengok, soarana

50