Kaca:Wawacan Pareumeun Obor I.pdf/55

Ieu kaca geus divalidasi

Nyi Patimah geus sumping ka bumi, anu aya ngan kantun baluas, kacarios nu geus mios, Jang Salim nu geus tuluy, jeung Cep Tarlan calik tarapti, cepet mareunang tempat, geus diuk na bangku, Ujang Salim sila tumpang, jeung Cep Tarlan ngarendeng papada ginding, bangun taya hariwang.

Kreta api lumpat cepet tarik, halte leutik sakilat diliwat, ngaberung bari ngaheong, Bandung enggeus kalangkung, siga paksi nu maling putri, teu nyoreang ka tukang, terus ngabadudud, ngahoang siga nu nangtang, perang tanding ka nu nyusul bapa maling, tandang taya karingrang.

Laju terus laimpah bapa maling, gancang bae datang ka Karawang, di dinya ngareureuh ngaso, sasambat menta nginum, lokomotip sakeudeung laugsir, nu tunggang geus corengcang, srangenge meh surup, lanterana geus dipasang, Ujang Salim jeung Cep Tarlan tingpelengking, geus hayang geura datang.

Nu dijugjug ka Mesterkornelis, kacaturkeun di halteu Karawang, aya pasisir nu naek, pameget anom segut, disetelan putis ngabeulit, nyandak peti kekeran, bangun enias ngukur, paharep-hareup calikna, reujeung Salim pada dina bangku sisi, Salim hatena heran.

Reh romanna erek meh sarupi, jeung ramana anu enggeus hilang, Jang Salim teu weleh melong, emut ka nu geus pupus, anu tunggang mariksa manis, Ujang rek ka marana, kawas anu jauh, ku Ujang Salim dijawab, diwalonan bade ka Mesterkornelis, nu naros papanjangan.

Naha Ujang di mana lalinggih, sareng saha nu bade diseja, nu aya linggih di Mester, Encep Tarlan ngawangsul, dupi kawit ti Sukasari, menggah anu dimaksad, sareng ieu dulur, bade nganjang ka pun paman, sakalian mun pareng bade ngilari, damel manawi aya.

Anu tunggang pok mariksa deui, naha Ujang boga sertipikat, gaduh ku Salim diwalon, nu tunggang ngodok saku, nyandak patlot sareng notisi, barina jeung mariksa, damel sareng kampung, anu bakal dianjrekan, ceuk Cep Tarlan Jurutulis di Batawi, toko Tiang Ki Kota.

Calikna mah di Mesterkornelis, kampung Rawabangke

52