Kaca:Wawacan Pareumeun Obor I.pdf/59

Ieu kaca geus divalidasi

jeung Cep Tarlan naek setum, Gambir anu diseja, ka gedong gajah pelesir, rek ngajajah ngabuktikeun beja tea.

Caturkeun bae geus datang, ka lapang Gambir geus tepi, Jang Salim heran nu aya, jauh ti panyipta ati, dina waktu keur tadi, ngadaweung sakeudeung nangtung, ningal madahab papat, molongpong taya pipinding, nu katingal tanah lapang lega ngemplang.

Jukutna anyar dicacar, beresih bangun lalecir, hejo kawas dina gambar, nyacas awas katingali, cai ibun nu meting, dina jukut masih nyangkrung, katojo cahya surya, tinggalebyar tingkaretip, ku Jang Salim diwangwangna tempat perang.

Hawar-hawar katingalan, ti tungtung ka tungtung deui, abrulan nu pelesiran campur awewe-lalaki, siga golek laleutik, istri ngaranggo kukudung, ngagebay baju panjang, katingalna tingkilitik, saputerna ku Salim lapang ditingal.

Resmi resep titingalan, ningal gedong beres baris, awas nyaracas barodas, ningal ka wetan ngajegir, gareja gede resmi, nyungcung siga pisan gunung, lebah Pajambon pisan, pepentolna katingali, siga kurung japati di awang-awang.

Sanggeus lila ngadaweungna, Salim jeung Tarlan arindit, arasup ka gedong Gajah, nu nongton pinuh pabuis, nu asup anu bijil, ma’lum dina poe Minggu, meunang dangdan garandang, campur pameget jeung istri, bangsa Cina, Jawa, Arab jeung Walanda.

Anu kawit diasupan, ku Cep Tarlan reujeung Salim, ngajugjug ka kamer emas, berlian inten widuri, Salim ningalna telik, hiji-hiji teu kalarung, Jang Salim leuwih heran, ningal barang rupi-rupi, nu marahal puluhan rebu regana.

Tempatna lomari kaca, neundeunna diatur rapih, hiji-hiji dinomeran, asal ti Lombok ti Bali, ali henteu pahili, ngumpul bangsa emas wungkul, berlian tinggalebyar, campur jeung berlian deui, aya anu gede kira opat karat.

Barang kabeh wungkul emas, dudukuy katut jeung bedil, pohporna disaput rapat, dimataan tingkaretip, jeung sajabana deui, hese lamunna dijantur, sakabeh kaayaan, disiga-siga ku Salim, dipapande siga di sawerga loka.

Ti dinya tuluy kaluar, sup ka kamer sejen deui, ningal rupa-

56