Kaca:Wawacan Pareumeun Obor I.pdf/60

Ieu kaca geus divalidasi

rupa barang, ti Niew Guinea nagari, dijieun tina kai, tina jukut bulu manuk, parabot rupa-rupa, buatan jalma bihari, anu acan jauh deuleu loba luang.

Sakabeh kamer dipapay, ditenjoan reujeung titi, sarta dibaca merekna, Jang Salim teu kendat mikir, di tempat arca lami, di dinya ngadaweung nangtung, nitenan rupa arca, ku Salim dirupi-rupi, peta-peta polah sahiji hijina.

Aya siga nu keur tapa, numpi bangun nu keur nyepi, katara rupana sepa, keur ngeker napsu jasmani, aya nu eukeur mikir, candukul bangun tapakur, ngiker-ngiker panalar, ngagambar raga sajati, ngaheningkeun cipta sajatining tunggal.

Siga nu babadamian, ulama micatur ilmi, siga aya nu keur tandang, bangun nangtang perang tanding, peta sahiji-hiji, dilarapkeun disusurup, beres anu ngajajar, siga nu eukeur perhadring, keur nguruskeun pernata tata nagara.

Kacatur bae lamina, Salim hantem mundar-mandir, mapay saputerna kota, Batawi Mesterkornelis, unggal poe teu cicing, lilana enggeus saminggu, nu jadi panganggeusan, meh sapoe pake ulin, Tanjung Priuk mapay-mapay palabuan.

Dumeh ku kakara pisan, ningal laut kapal-api, turug-turug keur sedengna, di palabuan keur heurin, kapal nu datang indit, rea kapal nu balabuh, jalma pasuringkaban, campur awewe-lalaki, anu mapag jeung nu nganteur rek balayar.

Brongbrang rame sora barang, muat ngabongkar pabeulit, pating gareret kerekan, kuli-kulina pabuis, digawe cukah-cikih, nu ngagotong nu ngagusur, mandorna paparentah, hohoak jeung gudag-gidig, tinggurudug wara-wiri lori barang.

Salim nu aya ngan heran, ningal rupa kapal-api, teu eureun-eureun hatena, ka urang Eropa muji, pinterna leuwih-leuwih, Jang Salim ngan bati ewuh, ningal paparabotan, jeung pakakas mesin-mesin, nu ngentengkeun jeung ngencengkeun pagawean.

Ceuk Salim ka Encep Tarlan, ari batur pinter teuing, naha ari bangsa urang, acan aya anu mikir, saperti urang Asing, urang Eropa nu punjul, ngulikna kapinteran, nyieun rupa-rupa mesin, parabotan nu aralus jeung Karuat.

57