Kaca:Wawacan Pareumeun Obor I.pdf/62

Ieu kaca geus divalidasi

katinggal layarna meber, parahu keur barang siar, pada mangsangkeun mayang, katingalna tingarampul, kaombak-ombak ku lambak.

Bangun nu erek tibalik, hate Salim remen nyeblak, risi parahuna tamplok, ningal laut ngaplak-ngaplak, matak waas baluas, katingalna semu paul, kelar siga ningal gambar.

Ningal layar bulak-balik, wantu ku angin katebak, parahuna luak-leok, nyuruwuk kawas bayawak, lambak anu nareumbag, kana dek tembok ngababuk, muncratna pating borelak.

Tarik angin ngadalingding, kawantu taya hahalang, ka unggal madahab plungplong, Jang Salim rada hariwang, hatena tambah lewang, diwangwang di alam suwung, alam padang poe panjang.

Diwangwang ngahudang eling, ka sakur nu geus harilang, Jang Salim sakeudeung melong, kagagas tambah kasuat, ras ka rama nu wapat, cipanonna meh nyurudut, nahan kasedih teu kuat.

Angin laut waktu burit teu beda jeung angin barat, karasana panas nyebrot, rieut lain matak sehat, campuh jeung sora lambak, sorana pating geledug, Ujang Salim ngadak-ngadak.

Rieut hulu panas tiris, awakna karasa panas gura-giru balik bae, duaan jeung Encep Tarlan, sadatangna ka imah, Jang Salim terus ngaringkuk, ngadegdeg saluar awak.

Ngedeng dina salu awi, bari ngahodhod nirisan, bangkuna munggah ngarekot, marurung bari sasambat, nyurucud cipanonna, inget ka rama ka ibu, nu hilang jeung anu anggang.

Sasar barina jeung ceurik, ngangres ngenes jeung nalangsa, lantaran jauh jeung kolot, teu aya nu ngamemenan, nu ngupah ngusap-ngusap, sasambatna uba-ibu, Cep Tarlan welaseun pisan.

Gudag-gidig naheur cai, Salim henteu dijauhan, ngabelaan soson-soson, diusapan dipencetan, sarta jeung diupahan, bela saperti ka dulur, ceuk Encep Tarlan wayahna.

Moal lila cageur deui, adatna anu anyar mah, lantaran ku hawa kaget, turug-turug kalilaan, di Tanjung pelesiran, asup hawa angin laut, teu ara katutuluyan.

Ukur sapoe-sapeuting, lamun geus kaluar kesang, mokaha tinangtu hade, Salim beuki gegerungan, ku Tarlan disimbutan,

59