Kaca:Wawacan Pareumeun Obor I.pdf/64

Ieu kaca geus divalidasi

Alim nenggang, teu acan boga kawawuh, sumawon baraya tea.

Ari kuring mah pribadi, rek nunggu jangjina mamang, titah nunggu heula bae, kacatur bae enggalna, Salim sanggeusna jag-jag, saban poe bae ngapruk, ngaprak nyiar pagawean.

Nyiarna suhud jeung wani, ka unggal tempat dipapay, saban toko kantor-kantor, pabrik reujeung gudang-gudang, teu aya nu kaliwat, Batawi Tanjungpriuk, Mesterkota Tanah-abang.

Tapi weleh henteu manggih, toko kantor henteu nampa, panggawena cukup kabeh, pabrik reujeung gudang-gudang, taya nu lowongan, ngiderna campleng saminggu, Jang Salim ngan kantun susah.

Hiji waktu Ujang Salim, tas ngaprak ider-ideran, tuluy ngareureuhkeun cape, di gedong pendem ngeureunan, Norbek deukeut paketpar, paniisan anu baku, muka keur sagala bangsa.

Tempatna resmi beresih, wantu kebon dipiara, saputerna cai ngocor, Ciliwung nu ngurilingan, malah aya mandorna, nu purah ngurus ngabaku, nu miara patempatan.

Tatangkalanana baris, tiis henteu aya panas, kalinduhan ku kakayon, kakaian nu geus lawas, laluhur ngarampidak, di handapna linduk iuh, pantes taman paniisan.

Butbat jalan nu laleutik, keusikna kawas diayak, pacampur jeung meunang mekprek, ngaplak katingal marakbak, sisina dipelakan, ku jukut anu aralus, papak wantu beunang mangkas.

Jukutna bersih bulening, unggal poe disapuan, kawas pramedani bae, beunang pake kekedengan, handapeun kakayonan, nu linduk sadia bangku, baku pikeun paniisan.

Salim dina bangku niis, nenggang ngahaja sorangan, ngadaweung bari jeung mencrong, madepna ka jalan besar, ningal nu lalar liwat, diukna sisi Ciliwung, jauh ukur hawar-hawar.

Ningal setum mundar-mandir, kahar anu tingkalalar, waktuna keur tengah poe, panonpoe keur manceran, meujeuhna papanasna, panas campur jeung kekebul, katingalna tingborelak.

Jang Salim ngadaweung mikir, buligir jasna dibuka, bari dina bangku nyender, sahandapeun kakayonan, ngarasakeun ni’matna, hawa di nu linduk iuh, tiisna ngahudang rasa.

Angin leler ngahiliwir, nebak kana kakayonan, daunna

61