Kaca:Wawacan Pareumeun Obor I.pdf/65

Ieu kaca geus divalidasi

aroyag kabeh, raos asa dikepetan, daunna tingarulang, ngulangan nu eukeur bingung, bangun anu ngajak mulang.

Jang Salim mikir ras eling, lampahna nu geus disorang, lilana dalapan poe, ngider nyiar pagawean, teu acan beubeunangan, pikir Salim wuwuh ewuh, pijalaneun nya lumampah.

Reuwas pabaur jeung inggis, sieun pinanggih sangsara, tina acan meunang gawe, sedeng bekel geus meh beak, dipake leuleumpangan, meuli sangu ongkos setum, muter sakuliah kota.

Dahar unggal poe meuli, di warung di jalan-jalan, mun balik ngan ngadon sare, Salim boga rasa era, numpang geus kalilaan, sungkan dicukup ku batur, mun teu meuli ku tanaga.

KINANTI.

Jang Salim ras deui emut, ka ibu anu di bumi, wireh sakitu lawasna, geus satengah bulan leuwih, ka ibu acan nyuratan, sadatangna ka Batawi.

Jang Salim bati melenguk, ka ibu teu petot eling, sumawonna ka Salamah, inget ti beurang ti peuting, salempang pake kamelang, sok remen pisan kaimpi.

Kaimpi riung mungpulung, ngariung di tengah bumi, eukeur nyieun cocooan, candukul bari badami, Salamah nu ngaguntingan, kertas kembang rupi-rupi.

Jang Salim nu ruat-raut, nyieun gagangna ku awi, ibuna nu ngarapetan, kertas kembang rupi-rupi, dijadikeun kaulinan, babarengan beurang-peuting.

Ras inget tambah ngaheruk, cipanon nyurudut bijil, kagagas tambah baluas, dipikir katambah ketir, risi ibu henteu damang, Salamah kumaha teuing.

Ujang Salim deui ngemut, sangkan gancang meunang hasil, ku Jang Salim diwawaas, lamun enggeus meunang gajih, ngabejaan ka ibuna, sakalian barang kirim.

Jang Salim ngadaweung bingung, ka mana deui nya indit, kabeh tempat pagawean, kantor dines partikulir, ku manehna geus dipapay, Salim banget susah ati.

Tuluy Salim ngodok saku, nyokot loket milang duit, hayangeun nyaho sesana, seja rek diapik-apik, bisina kaburu beak,

62