Kaca:Wawacan Pareumeun Obor I.pdf/66

Ieu kaca geus divalidasi

samemehna meunang hasil.

Barang duitna diitung, kari tilu perak deui, Salim ngadaweung mikiran, ngomong sajeroning ati, ieu duit tilu perak, sapuluh poeeun deui.

Lamun dipakena tangtu, sapoena tilu picis, keur ongkos-ongkos jeung dahar, tapi kudu leuwih apik, mun aing beak ihtiar, nyiar gawe henteu manggih.

Erek nyoba sugan payu, nyieun kaulinan deui, diiderkeun ku sorangan, duit ulah beak teuing, kudu nyesakeun keur modal, malar mapat hakan aing.

Ras deui Salim melenguk, mikir sajeroning ati, lamun teu payu dagangan, meureun aing jadi rugi, cape gawe modal beak, mun rugi kumaha aing.

Tangtu aing moal nyatu, boa kalaparan aing, rek menta-menta ka saha, tungkrang-tongkrong henteu wani, erek balik aing era, jeung euweuh keur meuli karcis.

Jol deui pikir nu kukuh, ngomong sajeroning ati, naha aing kawas jalma, anu leutik burih teuing, naha kumaha gorengna, lamun aing kuli ari.

Tinimbang aing teu nyatu, atawa reujeung musapir, macul nanggung dilakonan, sanajan ngajual cai, pasti aing moal era, tangtu nyiarna babari.

Jang Salim pikirna kitu, hantem dibulak-balik, sarta geus tetep pikirna, hatena gede teu gingsir, ngadaweung bari ngawangwang, pilakueun nu di ahir.

Harita geus pukul tilu, Ujang Salim acan balik, seneng nyenangkeun ni’matna, angin anu ngahiliwir, bari neuteup sisingaan, jeung arca beusi ngajegir.

Anu dina pilar nangtung, siga gambar widadari, ngajega meber jangjangna, barang eukeur mencrong tigin, tukangeun ngadenge jalma, mere salam ka Jang Salim.

Salim kagetna kalangkung, bari jeung ngareret malik, sarta ngajawab salamna, urang Jawa segut ginding, tuluy diuk rerendengan, urang Jawa nanya manis.

Ngomongna basa Malayu, nanya tempat tinggal cicing, jeung nanyakeun pagawean, ku Salim diwalon manis,