Kaca:Wawacan Pareumeun Obor I.pdf/68

Ieu kaca geus divalidasi

sakola, keur lintar bari pelesir.

Kawantu di poe Minggu, sinyoh-sinyoh geus maranti, biasa aya sewaan, nyaeta parahu leutik, pelesir paparahuan, ngaboseh bari ngarawih.

Parahuna tingsuruwuk, dibarung ku sora suling, sora hitar jeung biola, sora siter jeung mandulin, rupa-rupa polah budak, bari heureuy tingcikikik.

Aya sahiji parahu, kadeuleuna matak risi, ditumpakan ku tiluan, polahna teu daek cicing, turug-turug nu tumpakna, lain barudak laleutik.

Sinyoh galede jarangkung, nu hiji sami jeung Salim, malah anu duaan mah, ti Salim teh rada leuwih, budayut gede awakna, nu hiji nyekel mandulin.

Anu saurang ngarungkup, di tengah parahu cicing, ti hareup nu ngabosehna, bari ngawihan mandulin, parahu gagaleongan, semu kabeuratan teuing.

Angin gede ngagelebug, parahu nengah nyiriwik, barang sinyoh nu keur lintar, ngalungkeun heurap ka cai, nincak parahu sisina, lung heurap terus tibalik.

Parahuna trus kalebuh, sinyoh tilu tingbuncelik, di cai kekelebekan, ngarojay muru ka sisi, sinyo anu panggedena, teu bisa polah sakali.

Eukeur mah awak budayut, reujeung kawuwuhan deui, kabeungbeuratan ku heurap, pageuhna nyangreudna tali, mangrod pigeulanganana, sinyo burial-buncelik.

Jang Salim lat henteu emut, kana dirina pribadi, gusat-gesut ngudaran jas, ngudar iket reujeung samping, kampret mah henteu kabedag, tina kaburu ku watir.

Tuluy bae tuturubun, dicalana ngojay tarik, muru nu aya di tengah, nu duaan acan nepi, masih kene ngararojay, geus lalimpeu wantu tebih.

Sadatangna Salim tuluy, cangkengna disangkeh gasik, tali heurapna diudar, dibawa ngojay ka sisi, anu duaan kaudag, Salim ngojay leuwih tarik.

Nu hiji enggeus katulung, sok digolerkeun di sisi, Ujang Salim teu lelada, malangkeun maneh ka cai, rek nyusul anu duaan,

65