Kaca:Wawacan Pareumeun Obor I.pdf/69

Ieu kaca geus divalidasi

nu pandeuri geus Kacangking.

Dibawa ka sisi tuluy, anu katilu geus tepi, henteu kosi ditulungan, datangna bareng ka sisi, kabeh geus aya di darat, Ujang Salim gusak-gasik.

Ngaburu nu leuwih ripuh, anu pangheulana tadi, dirampa euweuh napasan, bayah kaasupan cai, tapi badanna mah panas, ku Ujang Salim kaharti.

Gugup sarta gesut-gesut, bajuna sinyo ditarik, ngabuligir geus dibuka, ku Salim disina malik, dipangku sina nangkuban, sirah malieus ka gigir.

Tuluy Salim tapak deku, dampal leungeun taki-taki, lalaunan direunteutan, tonggongna dibulak-balik, diurut-urut ka handap, sampe dua tilu balik.

Nurutkeun pituduh buku, pitulung ka nu balai, lila-lila tuluy napas, sinyoh nu ripuh geus eling, nu duaan enggeus jagjag, milu ngabantu ka Salim.

Nu saurang tuluy muru, ka baturna rek pupulih, sinyoh-sinyoh geus daratang, sarta bareng jeung pulisi, ngalingkung rea jelema, ngaburu anu balai.

Pulisi enggeus nelepun, supaya geuwat dikirim, kareta keur nu cilaka, harita can aya mobil, caturkeun bae geus datang, di jalan besar sayagi.

SINOM.

Nu cilaka geus diangkat, pulisi samemeh indit, ka Salim nanyakeun ngaran, reujeung tempat tinggal cicing, sinyohna kitu deui, nu duaan ngararangkul, ka Salim tatabean, narima kasihkeun leuwih, dituliskeun ngaran eujeung tempat tinggal.

Nu cilaka enggeus mangkat, dibawa ka rumah sakit, bareng jeung sinyoh nu dua, kacaturkeun Ujang Salim, saenggeusna tarapti, gancang indit buru-buru, rek nuluykeun lampahna, nyiar pagawean deui, udar-ider mapay nu acan kasaba.

Caturkeun di poe eta, ngiderna nepi ka burit, ngajajah ka unggal tempat, toko kantor nu laleutik, tapi taya nu nampi, ka Cina Walanda Juput, bui oge dijajah, ka tangsi jeung rumah