Kaca:Wawacan Pareumeun Obor I.pdf/70

Ieu kaca geus divalidasi

sakit, kantor setum listrik teu aya nu nampa.

Salim beak pangharepan, tetep hatena geus gilig, rek nuluykeun usahana, nyieun kaulinan deui, usaha nu maranti, keur waktu aya di lembur, Salim di Senen nyimpang, meuli peso reujeun gunting, saparabot biasa keur cocooan.

Kira-kira pukul opat, ti Pasar Senenna balik, leumpang henteu tutumpakan, sorangan bae ngadigdig, sajalan-jalan mikir, pigeusaneun jalan hirup, rupa-rupa ingetan, catur ka Mester geus nepi, wanci magrib ninggang dina waktu salat.

Sadatangna gagancangan, ka cai wulu jeung mandi, tuluy salat ngadep ngiblat, niat tartib salat magrib, salatna Ujang Salim, karasana kurang husu, sanggeus dua rakaat, asa-asa poho deui, sarakat asa geus dua rakaat.

Lantaran pikiran bingbang, ras kana piwuruk eling, wuruk ti guru ibuna, mun asa-asa jro ati, mun teu rek balik deui, asa geus dua geus tilu, cokot pang saeutikna, tuluy bae Ujang Salim, nu geus dua nyoktona nu sarakaat.

Dina sujud panganggeusan, jol deui narajang lali, asa enggeus asa acan, sujud nu kadua kali, Jang Salim sujud sahwi, catur salatna geus tutug, panjang macana dunga, neneda ka Maha Suci, dunga slamet reujeung dunga tulak bala.

Ceuk Tarlan kumaha beja, poe ieu aya hasil, jawab Salim luput sial, Jang Salim tuluy ngabuih, nyaturkeun lampah tadi, nulungan sinyoh tikunclung, dicatur ti awalna, nepi ka ahirna titi, Encep Tarlan bengong ngadenge carita.

Naha sinyoh urang mana, anu ditulungan tadi, jawabna Salim teu teurang, euceuk Tarlan salah teuing, naha kurang taliti, lamun Salim enggeus nulung, nyait tina cilaka, dua sinyoh baya pati, mun nyaho mah Salim menta pertulungan.

Salim menta pagawean, ka bapana nu balai, tangtu nulung moal salah, tina tarimana leuwih, coba lamun jeung kuring, ku kuring ditanya tangtu, angot mun bangsa pangkat, Walanda gegeden nagri, tangtu Alim meureun manggih kabunghan.

Pok deui Salim ngajawab, saur Encep leres teuing, yaktos kitu moal salah, pikir abdi waktu tadi, teu emut kana hasil, estu sajeroning nulung, teu malar kana upah, ngan tina bawaning

67