Kaca:Wawacan Pareumeun Obor I.pdf/71

Ieu kaca geus divalidasi

watir, jeung ngemutkeun wajibna kamanusaan.

Memang nya kitu kedahna, tutulung ka nu balai, nalangan ka nu keur susah, kalawan iklas panggalih, ibadah nu beresih, mun nulung ngarah buburuh, ngawulana ka dunya, lain ka Nu Maha Suci, anu kitu ibadahna teu sampurna.

Mungguh ku Nabi dicacad, mana ngaranna babakti, mun urang ngarah pangupah, sami bae sareng kuli, najan ngarah sawergi, mun ibadah nu dimaksud, eta oge teu beda, ngan ti dunya rada leuwih, nu sampurna sepi sagala pangarah.

Tur Gusti Nu Maha Akbar, sipat murah sarta asih, moal kersa nyulayaan, ka panggawe hiji-hiji, kitu pikiran abdi, sawangsulna abdi nuhun, ka Gusti Nu Kawasa, marin pitulung ka abdi, dikersakeun nulungan jalma cilaka.

Hal eta Tarlan teu jawab, pok nanya nu sejen deui, kumaha Alim ayeuna, wireh gawe henteu manggih, kumaha maksud ati, Salim walon semu ewuh, ngarenghap napas panjang, susah pabaur jeung sedih, diri abdi bati ewed pipikiran.

Kumaha atuh petana, asa bararingung teuing, abdi jadi sawan kuya, ari abdi bade balik, asa arera teuing, katambah bekelna putus, ongkos sepur teu aya, lamun pareng maksad abdi, sarta rama masih kersa katumpangan.

Kalawan galihna iklas, reh tangtos nyesahkeun abdi, wireh nu bade dimaksad, abdi sumeja balantik, cara di lembur abdi, anu biasa kapungkur, ngadamel cocooan, sugan pareng aya milik, kenging bati pikeun sakalieun teda.

Supados salebet numpang, sakadar mung ngadon meuting, ulah nyesahkeun ka rama, teda mah meser pribadi, ngan tangtos damel abdi, balatak barala tangtu, boa teuing ibu mah, meureun pusingeun ningali, margi eta ku Encep unjukeun heula.

Upami kawidian mah, kajeun abdi lamu wengi, di dapur abdi sorangan, bari didamel ti peuting, abdi nu beberesih, beberes sarta sasapu, lamun digawe siang, abdi kajeun rek di pipir, Ujang Salim ngomongna jeung dumareuda.

Cep Tarlan welaseun pisan, cumalimba jeung ngalahir, ih ku perkara eta mah, Alim ulah jadi pikir, emang embi geus pasti,