Kaca:Wawacan Pareumeun Obor I.pdf/72

Ieu kaca geus divalidasi

galihna moal teu luntur, balikan lamun pisah, Alim ti dieu rek indit, tangtu meureun ngajadi kamemelangan.

Rek numpang, numpang di saha, henteu aya kadang wargi, kawuwuhan henteu boga, jamak ulah jadi ati, poma ulah rek risi, jadi tampa raos bingung, perkara barang dahar, najan teu nyukup pribadi, kuring oge piraku ka Alim tega.

Kajeun kuring susumputan, batan Alim peurih peujit, belaan sahuap sewang, kuring seja bela pati, najan hancengan kuring, didahar duaan cukup, tina ku sabab eta, Alim ulah leutik ati, itung-itung diajar sabar tawekal.

Reujeung bae susuganan, pareng papanggih jeung milik, Alim bari jeung nungguan, anu bareto geus jangji, dina kareta api, ka urang nu arek nulung, kapan geuning bejana, mimiti tambah persunil, bulan hareup ayeuna acan abis bulan.

Jang Salim bungaheun pisan, ngadenge Tarlan pepeling, hate Salim rada janglar, gawena enggeus mimiti, ngadeluk saban peuting, barang jieunna di dapur, gawena getol pisan, teu ngingetkeun pusing, rujit, tampolana sapeuting teu sasarean.

Sorena sok dibaturan, ku Tarlan bari jeung ulin, mun Tarlan geus sasarean, ngadekul bae pribadi, isuk-isuk geus rapih, beberes sarta sasapu, memeh indit -ka pasar, mangnimbakeun heula cai, minuhan bak keur siram nu ditumpangan.

Lamun beunangna geus rea, kacooan rupi-rupi, tuluy dibawa ka pasar, didagangkeun ku pribadi, dipanggul make awi, diselap-selapkeun rancung, Salim pakeanana, niron barudak Batawi, dikopeah dikampret sarung polekat.

Manehna mimiti dagang, ka pasar Mesterkornelis, pikirna keur percobaan, reujeung sajabana deui, lamun ti Mester indit, ka pasar-pasar nu jauh, ngorot-ngorot ongkosna, sanajan batina leuwih, kacangkolong ku ongkos-ongkos di jalan.

Salim mimiti ngajual, di pasar Mesterkornelis, tuluy diitung batina, Jang Salim melenguk mikir, leuwihna tina jinis, ukur cukup pikeun nyatu, taya pisan sesana, tapi henteu leutik ati, susugannan bisa maju ka hareupna.

Kaduana katiluna, weleh henteu bisa leuwih, malah mah rada ngurangan, barang dina hiji peuting, bari ngadekul mikir,

69