Kaca:Wawacan Pareumeun Obor I.pdf/74

Ieu kaca geus divalidasi

Kamayoran jawabna teu leuwih, ngan sakecap tuluy bae mangkat, Jang Salim trus bae ngulon, maksud anu dijugjug, Kamayoran pituduh tadi, Salim sajero leumpang, jro hatena bingung, culang-cileung semu bimbang rurat-reret ka kenca-katuhu nilik, bisi aya simpangan.

Henteu kaur laju balas malik, rundag-randeg pikirna hariwang, pikir Salim henteujongjon, asa rek terus maju, asa-asa rek baik deui, mundur deui ka tukang, balik kana urut, ngarandeg deui mikiran, lieuk malik nenjo jalan urut tadi, diwangwang rada lewang.

Lalakonna reh parantos tebih, Ujang Salim neruskeun lampahna, tetep terus maju bae, leumpangna rada segut, digidigkeun lantaran risi, sieuneun kaburitan, kawuwuh geus mendung, poek erek datang hujan, waktu eta kira pukul lima leuwih, satengah geus reupreupan.

Beuki jauh jalan tambah sepi, teu katingal aya pilemburan, sapanjangna kebon bae, sawo rambutan dukuh, sangka Salim tetep jro ati, naksir yen bakal nyorang, jalan besar lembur, ciri jalan nu ditincak, katarana lidig tapak wara-wiri, jadi jalan biasa.

Laju lampah Salim beuki tebih, panon mandeng ka nu rek disorang, hawar-hawar aya tembong, suhunan tingparentul, Ujang Salim bungah jro ati, pikirna kabeneran, rek nuju ka lembur, leumpang beuki gagancangan, ku lantaran hujan geus mimiti praspris, Salim satengah lumpat.

Pikir Salim bo cilaka aing, lamun aing hujaneun di jalan pinasti cilaka gede, tangtu dagangan cipruk, moal bisa kaarah deui, meureunan leeh beak, aing rugi tangtu, jeung kawuwuh masih rea, aya harga saperakeun oge leuwih, kitu Salim pikirna.

Ujang Salim jogjrog beuki tarik, praspris hujan geus tambah ngerepan, tonggeret ngear ngadenger, barung reujeung guludug, tinggurileng kilat di langit, poek beuki reupreupan, Salim tambah ewuh awak luut-leet kesang, tina cape balas leumpang reujeung mikir, sieun kalunta-lunta.

Beuki laju Salim beuki burit, ari prok teh manggih sisimpangan, jeung jalan nu rada gede, Salim ngadaweung bingung,

71