Kaca:Wawacan Pareumeun Obor I.pdf/75

Ieu kaca geus divalidasi

mana anu kudu dipilih, terus atawa nyimpang, mikir bari nangtung, tapi lamun aing nyimpang, acan puguh manggih lembur pikeun meuting, tinangtu kapoekan.

Leuwih hade terus lampah aing, rek ngajugjug lembur nu geus nyata, pikirna rek ngadon mondok, Jang Salim laju terus, sarta singkil ngudaran samping, tuluy pake niungan, barang nu dipanggul, barang satengahing jalan, ari breg teh hujan gede liwat saking, dibarung gelap dordar.

Tingburinyay kilat matak risi, Ujang Salim cipruk kabulusan, dagangan leeh sakabeh, Salim ngahodhod ripuh, alum nguyung bawaning sedih, ngan rada kabeneran, panonpoe surup, diganti ku cahya bulan, hawar-hawar caangna tembong saeutik, awas katingal jalan.

Ujang Salim maksa terus indit, leumpang alon henteu bisa gancang, lantaran leueur jeung jeblog, cipanonna nyurucud, ngeres ngenes jeroning ati, estu kanyenyerian, hujan deres terus, katambah Jang Salim heran, reh geus deukeut ka lembur tapi teu ngarti, teu ningal nyelak damar.

Nu disangka lembur ku Jang Salim sihoreng teh bet lembur astana, kuburan Cina sentiong, saungna nu parentul, disangka imah laleutik, Jang Salim barang datang, ngan bati ngaheruk, leuleus taya pangawasa, rarasaanana remek tulang sandi, gek diuk tengah jalan.

Babawaanana teu ditolih, pabalatak sakabeh raruksak, tina banget ngenes hate, ceurik mani ngagukguk, leslesan satengah teu eling, nyuuh kana tuurna, nyambat ka Yang Agung, masrahkeun jiwa jeung raga, gelap dordar hujan masih ngaririncik, ku Salim teu dirasa.

MIJIL.

Ujang Salim unghak-inghak ceurik, bari jeung cingogo, di nu becek katambah jeung poek, ngabangingik bakating nyeri, jeung ngarasa tiris, awakna rancucut.

Kabeh cipruk baju katut samping, gadona noroktok, saluarna badanna ngadegdeg, tina banget bakating tiris, kawuwuh

72