Kaca:Wawacan Pareumeun Obor I.pdf/77

Ieu kaca geus divalidasi

kangge sore-isuk.

Ahir-ahir geuning wuwuh tambih, nambahan prihatos, ngan paneda mugi-mugi bae, slira ibu aya di bumi, mun dugi ka pati, ku abdi dikantun.

Slira ibu ulah jadi galih, pasrah ka Yang Manon, aduh ibu lamun uninga teh, waktos ieu kasedih abdi, ibu mana teuing, ngangresna nya kalbu.

Moal henteu ragragan citangis, bakating hawatos, karaosna ku sim abdi oge, estu sedih nandang kanyeri, samar panjang hurip, mo beda jeung ibu.

Eh Salamah poma-poma teuing, geura boga jodo, keur gaganti bisi engkang paeh, ngurus ibu mangka gumati, Amah engkang titip, ibu bisi ngangluh.

Acan puguh bisa panggih deui, jeung engkang patembong, diri engkang sambung dunga bae, muga enok mangka prihatin, sing getol babakti, ka Gusti ka ibu.

Eh Cep Tarlan abdi nuhun teuing, ka Gusti Yang Manon, mugi-mugi kasaean Encep, sareng rama-ibu ka abdi, dibales Yang Widi, ku ganjaran agung.

Abdi samar bisa pendak deui, lamun abdi maot, cariosan indung abdi bae, tapi ulah rek kaget teuing, lampah nu prihatin, ulah dipicatur.

Saayana pakean sim abdi, nu dina torombol, ka pun biang dikintunkeun bae, keur nambah nyusur tanah abdi, ngan eta erloji, nu kedah dikantun.

Tanda soca keur Encep ti abdi, tawisna hawatos, sareng mugi-mugi slira Encep, ulah erek neangan abdi, moal rek kapanggih, bisina kasarung.

Sasambatna Salim matak watir, mun aya nu nyaho, moal henteu ngarakacak hate, turug-turug di tempat sepi, ti peuting keur jempling, saputerna kubur.

Nu kadenge wungkul sato leutik, soarana raong, bancet rame disadana recet, langgir kasir pating jarerit, kawas milu ceurik, bangun ngahareruk.

Hate Salim katambah nyelekit, Jang Salim ngarongkong, nyokot awi hareypeun ngagoler, anu dipapanggul ku Salim,

74