Kaca:Wawacan Pareumeun Obor I.pdf/78

Ieu kaca geus divalidasi

pikirna Jang Salim, sugan kuat nangtung.

Rek dipake iteuk pikeun indit, asup ka sentiong, dina saung seja ngadon sare, dagangan mah geus burak-barik, kertasna laleungit, rarangkangna wungkul.

Dicabutan kabeh ku Jang Salim, bayak geus lalocot, nu diarah ngan awina bae, sanggeusna maksakeun indit, kundang iteuk awi, ka saung bus asup.

Kabeneran aya saung leutik, wetaneun sentiong, jero kebon dibilikan rekep, Ujang Salim bungah teh teuing, nenjo salu awi, tuluy bae asup.

ASMARANDANA.

Salim bawaning ku tiris, katambah awakna nyongkab, huntuna munggah noroktok, tina bawaning teu tahan, muriang kaanginan, tuluy kana bangku nyuuh, satengah kurang ingetan.

Teu nolih ka baju samping, baraseuh teu diudaran, dina gagambang ngagoler, bari jeung haharegungan, nyambat ka Nu Kawasa, ka Salamah jeung ka ibu, sambatna kanyenyerian.

Waktu eta kurang-leuwih, jam sapuluh kira-kira, Jang Salim teu bisa sare, ngararasakeun awakna, panasna tambah-tambah, jeung halabhab hayang nginum, ku Ujang Salim ditahan.

Lantaran teu aya cai, rek neangan teu kaduga, Ujang Salim tambah lungse, leuleus taya pangawasa, leungit ingetanana, beuki peuting tambah ripuh, caturkeun bae isukna.

Pukul tujuh kurang-leuwih, anu boga kebon datang, nyampak Salim keur ngagoler, Salim teu beunang ditanya, ngan hantem bae sasar, tina panasna kalangkung, geus leungit ingetanana.

Patani welaseun teuing, tuluy mulang gagancangan, ka Sawah Besar rek rapot, ka wijkmester kampung eta, bujeng bae enggalna, Jang Salim enggeus katulung, ka rumah sakit dicikrak.

Tunda heula Ujang Salim anu nandang gering payah, di rumah sakit Golodog, kacaturkeun Encep Tarlan, poean Salim sasab, di hareup eukeur candukul, kira-kira pukul opat.

75