Kaca:Wawacan Pareumeun Obor I.pdf/79

Ieu kaca geus divalidasi

Jol hiji Walanda sumping, ka Cep Tarlan mere hormat, omongna manis jeung alon, sigana Walanda menak, tegep kasep rupana, umurna satengah tuwuh, sumpingna reujeung putrana.

Sinyoh sarta make peci, cakep pantes pangadegna, peci sakola H.B.S., pok ramana teh mariksa, basa Malayu rendah, di buruan bari nangtung, pokna saya tumpang tanya.

Brangkali ada di sini, orang nama Salim tinggal, Cep Tarlan adab ngawalon, betul di sini tinggalnya, sekarang tida ada, tapi nanti datang tamtu, sekarang lagi jualan.

Walanda ngawalon deui, kalu datang saya minta, supaya dianya sore, suruh datang rumah saya, nomer lima di Kramat, jawab Tarlan bari unggut, baik nanti saya bilang.

Walanda enggeus arindit, cep Tarlan boga sangkaan, Walanda anu datang teh, enggeus tangtu moal salah, rek mere pagawean, sabab Salim geus cacatur, waktu nyiar pagawean.

Yen aya Walanda jangji, ka Salim erek nulungan, samalahan menta adres, Encep Tarlan leuwih bungah, siga eukeur manehna, geus ejegeler lumantung, ngarep-ngarep Salim datang.

Lieuk deui, lieuk deui, Cep Tarlan ningal ka jalan, ngarep-ngarep Salim tembong, nepi ka wanci reupreupan, Salim teu acan datang, pukul genep pukul tujuh, ambleng nepi ka isukna.

Tarlan leuwih ewuh ati, salempang kamemelangan, anu dipake sieun teh, reuwas sieun manggih tiwas, Tarlan dina peutingna, teu sare balas candukul, teu senang guling gasahan.

Kadua poena deui, ambleng nepi ka tiluna, campleng saminggu henteu jol, tambah heran jeung salempang, hatena tingsareblak, pikir Tarlan beuki bingung, ka mana geusan neangan.

Samar polah samar ati, Tarlan ngadaweung mikiran, ngalenghoy asup ka pangkeng, ningal papakeanana, Salim masih araya pikir Tarlan tambah ewuh, ngomong sajero atina.

Naha ka mana Jang Salim, rek nyaba henteu bebeja, nyangkana cilaka bae, lantaran pakeanana, lamun Jang Salim mulang, sanajan henteu cacatur, tangtu pakean dibawa.

Ras deui Cep Tarlan eling, nyangka Salim boa nyebrang, nyangka ku werek kagelo, leng deui Tarlan mikiran, satengah

76