Kaca:Wawacan Pareumeun Obor I.pdf/80

Ieu kaca geus divalidasi

teu percaya, pitaku Salim katipu, pijajauheun ka beunang.

Tarlan tetep jero ati, nyangkana kana cilaka, tuluy Tarlan kudak-kodok, pesakna baju disaksrak, neangan notisina, nu aya tulisan kampung, ngaran jeung tempat tinggalna.

Ari breh aya kapanggih, cep Tarlan nyeblak ngalenyap, ngedeng bari ngagelehe, baluas bawaning welas, paingan mun kitu mah, atuh saha nu cacatur, mun Salim meunang cilaka.

Moal aya nu wawarti, leuheung mun ukur cilaka, meureun bisa keneh ngomong, tangtu Salim cacarita, ngaran jeung tempat tinggal, tapi mun kageleng setum, anu terus ajal pisan.

Pasti moal aya hiji, jalma nu bakal bebeja, tangtu aing moal nyaho, Cep Tarlan boga pikiran, meakkeun panasaran, poe isuk rek diapruk, ngaprak ngungsi rek neangan.

Kacatur isukna deui, Cep Tarlan ngaprak neangan, muter teu ngingetkeun cape, ka unggal pasar dijajah, Mester, Senen jeung Kota, Tanabang terus ka Tanjung, sapoe jeput teu pegat.

Pikir Tarlan geus pinasti, mun eukeur dagang di pasar, tinangtu rancung katembang, mamanggul daganganana, Tarlan neanganana, unggal ningal rancung-rancung, disampeurkeun unggal budak.

Lain deui sejen deui, saban budak anu dagang, ditatanyakeun talete, sugan pareng babarengan, dibejakeun rupana, tatapi maksudna luput, taya saurang nu terang.

Bray beurang geus indit deui, muter tempat pagawean, sakur nu ngadegkeun gedong, ku Encep Tarlan dipapay, reh Salim geus bebeja, lamun geus sagala luput, rek kuli ari papaksan.

Luput weleh teu kapanggih, dijajah ka unggal kota, ngaprak saban-saban poe, unggal tempat raramean, teu kalarung disorang, susuganan aya tepung, atawa ngadenge beja.

Tarlan banget susah ati, ihtiar baek harepan, gawena melenguk bae, ka Salim banget nya welas, ku Tarlan diwawaas, bingung lamun tutup umur, ngabejaan ka ibuna.

Ibuna kumaha teuing, mun kurang narima kadar, aduh mana teuing bae, sanajan aing sorangan, tina enggeus karasa, bumelana Salim estu, ka aing taya hinggana.

Tarlan dina setum mikir, ngadaweung balik neangan, ti isuk

77