Kaca:Wawacan Pareumeun Obor I.pdf/82

Ieu kaca geus divalidasi

kacaturkeun Nyi Patimah, nu aya di Sukasari, sanggeusna Salim indit, teu antara tilu minggu, Patimah carogean, ka Mas Lurah Sukasari, ku Patimah nu henteu pisan disangka.

Bakal jadijodo masang, lantaran sobatna dalit, Nyimas Lurahna geus ajal, geringna ngan tilu wegi, Patimah beurang-peuting, ka Nyi Lurah ngagugulung, malah samemeh ajal, pesenna, rido teh teuing, ka rakana malar Patimah ditikah.

Atuh lebah Mas Lurah mah, memang micinta ti tadi, ka Patimah waktu randa, katambah dipesen deui, bungahna leuwih-leuwih, ibarat bilatung lintuh, ninggang ka dage atah, atuh beuki gulang-guling, eukeur hayang katambah taya kakurang.

Patimah taya kasusah, buncir leuit rea duit, ibadahna tambah rongkah, baktina ka Maha Suci, ngingetkeun waktu tadi, estu tisusut, tidungdung, ngabelaan kasusah, ayeuna kapareng hasil dikabulkeun paneda anu tawekal.

Dasar jelema utama, napsuna henteu kalindih, luang lumrahna manusa, pikirna sok gancang lali, rea nu geus kabukti, mun meunang darajat unggul, tara inget ka tukang, marganing wiwitan tadi, unggah pangkat sok unggah deui adatna.

Malah nepi ka pot pisan, lali ka Nu Maha Suci, lain nyembah tambah rosa, babakti ka nu maparin, kitu mungguh nu sisip, teu ngimankeun ka Yang Agung, tapi mungguh Patimah, dasar jalma iman leuwih, tingkah laku satimbang reujeung elmuna.

Kacaturkeun hiji mangsa, Patimah eukeur lalinggih jeung raka papada bungah, malum nu keur silih asih, cacarios ngabuih, calik ngarendeng teu jauh, ngagedengkeun arotan, wadah lemareun ngabanding, kaleresan keur waktu hade poena.

Pasosore wanci asar, panonpoe sedeng lingsir, tiisna seger nerneran angin leler ngahiliwir, neumbagan kembang gambir, keur ligar seungitna mawur, kembang ros jeung ermawar, seungit munggah ngadanglingding, ngahudangkeun galihna anu maridang.

Nyerep padet wawangenna, minuhan pangambung bangir, Sumarambah kana bayah, bulak-balik dina getih, naratas kulit daging, ngahudang manah nu wuyung, nu keur papada bungah,

79