Kaca:Wawacan Pareumeun Obor I.pdf/85

Ieu kaca geus divalidasi

Allah Gusti Yang Widi, abdi henteu kiat nandangan nalangsa.

Incah ti lembur sorangan, ngumbara ka sejen nagri, ka aing maksud bumela, ahirna nemahan pati, aduh Salim anaking, ibu samar panjang umur, rakana bati welas, ngupahan jeung bari nangis, patutungku tiluan hujan cisoca.

KINANTI.

Susah moal burung lipur, sedih moal burung leungit, lir halodo reujeung hujan, beurang sok kaganti peuting, kabeh mahluk eusi alam, watekna sok owah gingsir.

Kapurba ku wet Yang Agung, Nyi Patimah kitu deui, lami-lami mah nya janglar, dipasrahkeun ka Yang Widi, tina kuat dadasarna, panumpes susah jeung sedih.

Sanggeusna papada lipur, Patimah geus janglar galih, kacaturkeun hiji nangsa, raka-rai geus badami, rek meakkeun panasaran, bade angkat ka Batawi.

Rek nyidikkeun malar puguh, usul-asalna Jang Salim, wireh beja acan terang, ngan wungkul panyangka ati, Ujang Salim enggeus ajal, buktina mah acan sidik.

Sanggeus mangkuk saminggu, ti saentasna badami, Patimah sasadiaan, pikeun bekel ka Batawi, sareng kanggo kikintunan, katuangan rupi-rupi.

Kanggo nu bakal dijugjug, jurutulis toko Tiang Ki, sipat paman Encep Tarlan, catur bae geus arindit, tiluan sareng Salamah, ka Mester enggeus sarumping.

Pribumi nampi tatamu, kalawan jeung seneng galih, disae-sae dihormat, Mas Lurah enjingna deui, dianteur ka Manggabesar, bawahan kota Batawi.

Wijkmeester anu dijugjug, maksudna seja nalungtik, nu kauni dina kabar, sugan aya nu ngilari, budak nu kageleng tea, ngarapot budakna leungit.

Wijkmeester micatur suwung, henteu aya nu ngilari, ti dinya Mas Lurah mangkat, malar tambah teteg ati, nuju Assistent Wadana, nanya deui malar sidik.

Dijawab deui nya kitu, malahan aya panambih, jawab

82