Kaca:Wawacan Pareumeun Obor I.pdf/86

Ieu kaca geus divalidasi

Assistent Wadana, anjeunna nyieun sirkulir, saenggeusna kajadian, nyalabarkeun nu balai.

Tapi taya anu ngaku, amleng nepi ka kiwari, nepi kana dikuburna, Lurah nembe teteg ati, nyangka yen Jang Salim ajal, teu sak moal salah deui.

Assistent welaseun langkung, tuluy dibahanan tulis, kanggo ka kuncen kuburan, di Manggadua Batawi, supayana dituduhan, geus beres Mas Lurah mulih.

Enjingna marangkat tuluy, ka Manggadua arindit, Patimah sareng Salamah, Encep Tarlan henteu kari, bade nyekar ka kuburan, caturkeun bae geus tepi.

Kuburan pada ngariung, dihujanan ku citangis, opatan pating aringhak, Patimah mah komo deui, nangisna munggah sek-sekan, Nyi Salamah runghak-renghik.

Welas ningal tempat kubur, lantaran calon nu miskin, bala henteu dipiara, Patimah teu eureun nangis, saparantosna hadiah, Mas Lurah samemeh mulih.

Sok mere duit sapuluh, ka pakuncen sarta jangji, pikeun miara kuburan, dihadean sangkan rapih, sangeusna tuluy marulang, bari nyusutan citangis.

Sanggeus hasil nu dimaksud, panasaran enggeus leungit, Mas Lurah nembe ngajajah, pelesir muter Batawi, geus opat poe lilana, kaputer sama sakali.

Batawi Tanjungpriuk, Tanabang Mesterkornelis, jiarah ka Luarbatang, geus opat dinten nguriling, sarta henteu rurusuhan, mulihna ka Sukasari.

Nunggu dugi ka saminggu, rek nongton heula kamedi, harmeston nu nembe datang, sakalian rek pelesir, ngajajah ka gedong gajah, nu teu acan ditingali.

Kacaturkeun hiji waktu, tatamu sareng pribumi, di payun keur masamoan, ngariung pameget-istri, hol nu sumping pupuntenan, dongko bari mucat topi.

Rupina kasep jeung segut, anggoan perlente rapih, disinjang kebat banyumas, sareng udengna sasawit, raksukan lenden bukaan, dasi malang hideung leutik.

Pantes kewes estu surup, anggoan nanding ka rupi,

83