Kaca:Wawacan Pareumeun Obor I.pdf/91

Ieu kaca geus divalidasi

Unggal sonten unggal enjing, ngan kitu bae damelna, teu bosen geten tulaten, mantri anu ngabandingan, nu nadah parentahna, pantes saregep saruhud, cangcingceng kana gawena.

Tatag tangginas tariti, nambaan teu asa-asa, nu payah digulanggaper, diinuman dihuapan, katut miceun mandina, diurus taya kabau, dimandian diombehan.

Salim henteu weleh muji, kana piaraanana, harade beres tulaten, diurus sandang-panganna, lengkep taya kakurang, dahar nginum matak lintuh, pake hade matak sehat.

Pakean digunta-ganti, aya katangtuanana, pasti saban tilu poe, diganti meunang ngistrika, beresih bararodas, sarung anggel katut simbut, disalin aya waktuna.

Daharna nya kitu deui, henteu meunang kakurangan, waktuna angger jeung hade, tilu kali sapoena, kitu deui deungeunna, gunta-ganti saban waktu, malar kasehatanana.

Salim osok remen mikir, sakapeung ngaheran-heran, ka jalma anu barodo, sok arembung diubaran, ku doktor ahli tamba, malah mumul embung matuh, di rumah sakit tatamba.

Basana sieun jeung risi, inggis sieun tambah ruksak, dibelek atawa potong, marukan sakama-kama, henteu reujeung pikiran, henteu dipikir piraku, doktor teh kapan manusa.

Kaitung jelema leuwih, dina elmu tatambana, najan ngabelek jeung motong, moal enya sambarangan, tangtu nurut aturan, malah mah jadi pitulung, sakur peta ihtiarna.

Kitu pikir Ujang Salim, kacatur bae lilana, di rumah sakit ngagojod, lawasna geus tilu bulan, salilana tatamba, Jang Salim teu weleh bingung, reh gering katutuluyan.

Geus puguh lamun ti peuting, enggon-enggon nya nalangsa, cacakan ti beurang oge, remen ragragan cimata, inget kadar awakna, tulis waris ti Yang Agung, nandang sangsara balangsak.

Ku Salim sok pake ceurik, sugrak-segruk balilihan, mun poe Ahad jeung Rebo, ningal jalma nu daratang, ngabrul ngalalongokan, ka rumah sakit arasup, ahlina anu tatamba.

Campur awewe-lalaki, nu indungna nu bapana, nu dulur nu wawuh bae, tapi ngan Salim sorangan, nenggang kosong bangkuna, suwung euweuh nu ngalantung, ngalongok sumawon nanya.

88