Kaca:Wawacan Pareumeun Obor I.pdf/92

Ieu kaca geus divalidasi

Ngangres ngenes nyeri ati, nalangsa nenggang sorangan, Salim sok ngahephep bae, bari ceurik balilihan, nyuuh kana anggelna, sarung anggel remen cipruk, dihujanan ku cimata.

Inget ka kadang ka wargi, teu nu wawuh-wawuh acan, sakapeung ngadaweung melong, nyalalangkrung cipanonna, ingeteun ka ibuna, gering tuman digugulung, diraneh diupah-upah.

Atina katambah sedih, ras deui inget ka Tarlan, geus tangtu kumaha bae, ka mana neanganana, boa ka aing nyangka, kawerek beunang katipu, dibawa nyebrang lautan.

Meureun ka ibu wawarti, bebeja aing teu aya, boa mah disangka paeh, reh pakean teu dibawa, Salim boga pikiran, ka Tarlan hayang cacatur, reh manehna keur tatamba.

Jalanna henteu kapikir, kumaha merena beja, erek nyuratan harese, lantaran taya keretas, ari arek talatah, taya nu ngalantung wawuh, ngan susah bae nu aya.

Sakapeung Salim sok mikir, lamun manehna kaluar, ti rumah sakit geus hade, sok mendag-mayong pikirna, henteu tetep karepna, aya rek balik rek terus, nyiar deui pagawean.

SINOM

Caturkeun bae enggalna, saprantosna opat sasih, Salim getingna geus jagjag, kaluar ti rumah sakit, tabuh sapuluh enjing, ti Golodog muru setum kabeneran duitna, teu aya pisan nu leungit, diampihan ku Mantri katut pakena.

Duit sesa modal dagang, kari dua perak leuwih, Salim mulang gagancangan, muru ka Mesterkornelis, pakena geus disalin, baju calana jeung sarung, ku bogana manehna, pakean kotor teh teuing, hararapeuk jeblog jeung pinuh ku leutak.

Urut cipruk kahujanan, teu kosi dipoe deui, Salim tugteg Sajajalan, hayang geura-geura tepi, geus asa gok papanggih, jeung Encep Tarlan patepung, jeung sobat nu papisah, kadeuleu bae ku ati kacaturkeun ka Rawabangke geus datang.

Barang datang ka buruan, pupuntenan batuk leutik, ari jol muru kaluar, istri nu kagungan bumi, Jang Salim kaget leuwih, nyeblak hatena rumanjug, reh sanes ibu Tarlan, Salim

89