Kaca:Wawacan Pareumeun Obor I.pdf/93

Ieu kaca geus divalidasi

kantun bengong mikir, ku pribumi gancang bae dipariksa.

Naha erek naon Ujang, Ujang Salim walon manis, bari nagog di buruan, pangapunten jisim abdi, mugi teu jadi galih, pitaros anu kapungkur, anu di dieu lenggah, naha kituh prantos ngalih, lamun ngalih naha ngalihna ka mana.

Naha Ujang teh ti mana, saur nu kagungan bumi, kapan enggeus dua bulan, hilangna teu meunang warti, wapat di rumah sakit, teu damangna ngan saminggu, kasawatna kolera, Jang Salim melenguk cicing, bari tungkul nalangsa bijil cimata.

Pribumi welaseun pisan, ningali Jang Salim ceurik, papanjangan mariksana, usul-asal waktu tadi, diwalon ku Jang Salim, lampah manehna dijantur, ti kawit Salim numpang, jeung Cep Tarlan jadi hiji, dicarios ti awal nepi wekasan.

Ceuk pribumi jadi Ujang, ayeuna kakara bijil, ti rumah sakit tatamba, sumuhun jawabna Salim, pribumi nyaur deui, mun Ujang euweuh kawawuh, pikeun di dieu numpang, ulah erek leutik ati, keur sare mah di dieu oge pan lega.

Ari perkara Cep Tarlan, bejana mah henteu balik, enggeus meunang pagawean, tatapina kurang sidik, embi teu meunang warti, gawena naon teu nyatur, sumawonna matuhna, embi teu nanya taliti, Salim walon ngomongna jeung dumareuda.

Duh juragan nuhun pisan, lamun miwelas ka abdi, reh abdi jalma nyorangan, di dieu estu nunggelis, teu gaduh kadang wargi, sareng teu aya kawawuh, erek wangsul kapalang, teu gaduh keur meser karcis, maksad abdi bade kuli-kuli heula.

Sukur atuh mun daek mah, walon nu kagungan bumi, yap ka dieu geura dahar, bisina teu acan manggih, semu welaseun teuing, muka panto nitah asup, bari jeung kakaratak, erek nyuguhan ka Salim, walon Salim entong nyesahkeun juragan.

Abdi mah parantos neda, di ditu di rumah sakit, memeh wangsul neda heula, pribumi maksa maparin, malum istri nu surti, tur balabah hade semu, bageur jeung karunyaan, welasna terus jeung galih, disodorkeun alas maksa Sina dahar.

Ujang Salim maksa dahar, cemen tamba henteu teuing, daharna ngan tilu huap, sila dina bangku awi, di dapur bari mikir, duwang-daweung tina bingung, katambah rada era, rumasa

90