Kaca:Wawacan Pareumeun Obor I.pdf/94

Ieu kaca geus divalidasi

jalma nunggelis, culang-cileung kawas hayam panyambungan.

Dasar pribumi waspada, ningal romanna Jang Salim, ngadaweung semu nu era, jeung bangun nu bingung mikir, ngaraoskeun pribadi, nunggelis di lembur batur, tuluy disanghareupan, carios jeung budi manis, nu dipalar supaya conggah ki semah.

Dibrangbrangkeun malar bungah, Jang Salim muji jro ati, tina kabageuranana, pribumi lebet ka bumi, nyandak bantal sahiji, jeung samak pikeun tatamu, tetebah keur sarena, di emper tukang sayagi, sanggeus beres nyaur ka Salim nuduhan.

Tah di dieu sasarean, keur Ujang engke ti peuting, bisi rek gegelehean, ulah erek isin-isin, diwalon ku Jang Salim, sawios juragan nuhun, pomi tong jadi sesah, ulah sayagi di bumi, di dieu ge di dapur parantos cekap.

Salim lila ngadaweungna, mikir pilampaheun diri, ngalamun jalan ihtiar, tapi bingungeun teh teuing, tuluy indit ka cai, nimba erek nyeuseuh baju, reujeung samping polengna, nu lodroh jeung bau tengi, sajro nimba teu eureun-eureun mikiran.

Inget ka pakeanana, reh bingung pikeun disalin, nanya di jero hatena, ka mana pakean aing, reujeung ka mana deui, diri aing pikeun nyusul, mun Cep Tarlan teu incah, di dieu geus meunang hasil, reujeung naha kituh pakean dibawa.

Jang Salim bubuligiran, nungguan bajuna garing, nagog di pipir sorangan, mundar-mandir mulak-malik, bajuna reujeung samping, hayang buru-buru tuhur, erek indit ka jalan, ngalantung nyenangkeun ati, ngabangbrangkeun sugan manggih bongbolongan.

Kacatur bae enggalna, saprantos bajuna garing, indit ngalantung ka jalan, sabot keur ngadaweung cicing, ningal jalma ngadigdig, kawas mandor dumeh segut, nyimpang ka Salim nanya, sugan daek erek kuli, di Salemba nu keur nyieun sakolaan.

Ku Salim dijawab mangga, ka Mas Mandor nanya malik, iraha ngawitananana, Mas Mandor ngajawab deui, lamun purun silaing, ayeuna bae yu milu, jeung urang sakalian, sabab perelu teh teuing, make kuli keur nu digawe di gudang.

Mangga ceuk Salim antosan, Jang Salim lumpat ngadigdig,

91