Kaca:Wawacan Pareumeun Obor II.pdf/17

Ieu kaca geus diuji baca

Ujang Salim jongjon tungkul, bari dongko cukah-cikih, ngumpulkeun nu patulayah, kapur semen reujeung keusik, digundukkeun jeung baturna, dipalar beres jeung rapih.

Tuan Opzichter geus tuluy, ningal damel sejen deui, trus nyampeurkeun ka mandorna, tuan Opzichter ngalahir, saurna saha ngaranna, itu kuli budak leutik.

Ka Salim bari jeung nunjuk, wantu anggang rada tebih, jawab Mas Mandor Si Salam, Opzichter pok nyaur deui, coba-coba Mandor tanya, ku basa hade jeung manis.

Suganna manehna purun, jeung urang di imah cicing, purah nganteur ka sakola, sinyoh anu masih leutik, sarta maturan ulinna, reujeung sajabana deui.

Ngurus gawe nu perelu, sasapu jeung bebersih, gajihna sapuluh perak, pere dahar dua kali, tempat hees sumawonna, kamer bujang meunang hiji.

Mandor jawab bari manggut, sumangga urang dicobi, ku abdi bade ditanya, tuan Opzichter geus mulih, kacatur bae enggalna, Mandor geus nanya ka Salim.

Sasaur tuan dijantur, Salim bungaheun teh teuing, sarta geus daek nyanggupan, diitung-itung ku Salim, gajih sapuluh jeung dahar, ninggang lima belas leuwih.

Mandor ge bungaheun langkung, mapatahan ka Jang Salim, tata campur jeung Walanda, kudu berseka beresih, Mas Mandor nyebutna Salam, henteu nelah ngaran Salim.

Lantaranana pang kitu, aya dua kuli ari, anu sarua ngaranna, Jang Salim anu diganti, jadi nelah ngaran Salam, supaya ulah pahili.

Ujang Salim poe Minggu, tas bayaran tuluy indit, ka Pasarsenen balanja, meuli baju meuli samping, katut iket jeung calana, ejasna kakidrel gading.

Sarta meuli kaca lembut, sabun katut sikat gigi, piisukeun erek mangkat, ka gedong jadi pangatik, mandi beresih dikasay, disabun disikat gigi.

14