Aya sajamna ngadeluk, ngaruru miceunan daki, kawas erek pangantenan, ngaca sababraha balik, baju iketna dicoba, rurak-ririk bari nilik.
Bendona dirancung-rancung, ngeunteung diulak-diilik, teu kaur balas dibuka, diudar dipake deui, narikan tungtung iketna, metot katarikan teuing.
Henteu kaur ngaburulu, penye teuing nyungcung teuing, dibeberes dirarapat, dengdek deui, dengdek deui, eureun ngabatek leungeunna, cangkeul balas hantem narik.
Ari anggeus tuluy nangtung, disetelkeun jeung jas gading, jeung calana komprang panjang, rap diapokan ku samping, rangkep kampret nu jerona, diasupkeun ka jro samping.
Reketek tuluy disabuk, sabuk kulitna ngabeulit, samemeh dipake jasna, ku Salim diririk deui, mapantes urang gedongan, niru jongos anu ginding.
Di jro gudang luntang-lantung, bari nyipta jero ati, laku-lampah pagawean, peta aturan pangatik, tuluy dipake bajuna, ngeunteung bari sura-seuri.
Cungar-cengir umat-imut, nembongkeun huntu beresih, dina kaca sabenggolan, jeung rurat-reret ka gigir, ka hareup sarta ka tukang, bisi aya anu ngintip.
Tuluy indit nyokot buku, nyoba ku kai sagebing, dikelek disiga-siga, dicipta bari jeung ngiring, sinyoh nu erek sakola, culang-cileung seug ngagidig.
ASMARANDANA.
Kacaturkeun Ujang Salim, saenggeus sadia dangdan, wanci asar pasosore, nurutkeun jangjina tuan, jam opat kudu datang, ka bumina poe Minggu, lenggahna di Mataraman.
Tuluy indit gusak-gasik, gancang henteu sumpang-simpang, leumpangna semu nu atoh, dangah bawaning ku bungah, ngadigdig rurusuhan, di jalanna teu kacatur, geus datang ka Mataraman.