Kaca:Wawacan Pareumeun Obor II.pdf/63

Ieu kaca geus diuji baca

Dasar rama Asep segut, keur ngora terah peryayi, rea jalma anu hayang, dibelaan meuli-meuli, mama pang beunang kagoda, ku nyai dibeuli-beuli.

Ku sabab lantaran kitu, malum adat nyai-nyai, lain hiji kabogohna, sakur lalaki nu ginding, ku manehna dilayanan, barang dina hiji peuting.

Imahna nyai kaduruk, beak pisan sampe ledis, kabeneran waktu eta, mama Ujang karek balik, ti dinya entas maranan, Bisri balik seuneu jadi.

Ku akal jalma nu hasud, lantaran ka mama sirik, kabogohna anu lian, barang pulisi mulitik, asalna pang kahuruan, aya nu nerangkeun sidik.

Mama Asep nu ngaduruk, malah aya opat saksi, anu nerangkeun yen enya, puguh henteu salah deui, nyaho waktu eukeur sutna, ditarerangkeun taliti.

Tina ku perkara kitu, samemeh nangkep pulisi, mama Asep meunang beja, tuturan jalma nu dengki, sabab nurutkeun jalanna, mama teh tangtu balai.

Tina ku lantaran kitu, les bae mama teh leungit, diubek ditareangan, ku kabeh para pulisi, tapi weleh teu kapendak, leungit nepi ka kiwari.

Bojona anu dikantun, beurang-peuting bae ceurik, indungna Wiryadi tea, lantaran sangka pulisi, yen bojona tangtu terang, pupulih samemeh indit.

Pulisi hantem ngawujuk, malar bojona pupulih, nyaturkeun ka mana losna, tapi weleh bae mungkir, memang enya henteu terang, ka manehna teu pupulih.

Bojona ge ngaler-ngidul, neangan beurang jeung peuting, estuning ku matak welas, awak kuru ngajangjawing, kawuwuh keur kakandungan, enggeus genep bulan leuwih.

Lila-lila mah kasusud, ku pulisi katalungtik, jalma anu ngadurukna, mama nu disangka tadi, terang teu aya dosana, estuning jalma beresih.

60