lantaran, sareng ibu kang Wiryadi tepang deui, pareng yasa kapendak.
Abdi bade ngabantu ngilari, sugan bae masih keneh aya, kapareng teu acan maot, ramana deui wangsul, sukur Ujang mun aya pikir, maksud mantu neangan, bumela ka dulur, tatapina rasa mama, tangtu susah pigeusaneun bisa panggih, tangtu geus sejen rupa.
Meureun enggeus jadi nini-nini, ari eta potretna keur ngora, nyasat masih budak keneh, samar rek bisa wawuh, walon Salim henteu mustahil, upami kersa Allah, mendakkeun patepungna tangtos moal kaewuhan, geuning abdi anu teu nyana teh teuing, sareng mama patepang.
Heueuh bener nya kitu anaking, muga bae pareng nya paneja, hasil maksud bisa amprok, bujengkeun bae catur, salilana Salim di Petir, reujeung sipat ramana, teu ara pajauh, beurang-peuting ririungan, taya deui nyario skeun pili genti, nyaturkeun lalakonna.
Saprantosna kenging dua wengi, ka ramana Salim geus pamitan, maksudna rek mulang bae, tina geus hayang tepung, jeung lanceukna nyeta Wiryadi, ramana geus ngidinan, piisukeun rek jung, ramana ngadamel serat, mopoyankeun cariosna Ujang Salim, pang datang ka Pandeglang.
Kacarios Jang Salim geus indit, teu kacatur deui di jalanna, kocapkeun geus datang bae, ka Mataraman cunduk, sadatangna Salim ngabuih, nyaritakeun lampahna, sadaya dijantur, tuanna kageteun pisan, reh Jang Salim nyarioskeun Den Wiryadi, dulur manehna tea.
Wireh sareng anjeunna ngahiji, sarta jadi bawah parentahna, Jang Salim terus nyarios, Den Wiryadi dicatur, waktu bareng na kreta api, nepi ka meunang beja, Wiryadi geus tepung, jeung ibu sarta Salamah, eukeur waktu manehna di rumah sakit, nepi kana nanyaan.
Ka Salamah maksudna rek ngawin, enya eta jeung dulur sabapa, ku lantaran henteu nyaho, tuan nyonya arimut, ngadangukeun anu ngabuih, wireh aneh kacida, kajadian kitu, tuan Opzichter ngandika, tah nya kitu jalma anu remen kawin, ganti-ganti bojona.