Teu ngingetkeun engkena di ahir, geuning kitu kajadianana, jeung dulur oge teu nyaho, ku lantaran teu campur, misah indung henteu ngahiji, ngurangkeun percintaan, teu asa jeung dulur, beda jeung nu reureujeungan, najan deungeun mun campur sok leuwih asih, ti batan dulur anggang.
SINOM.
Urang remen meunang beja, rea jalma nu geus bukti, bojoan di unggal tempat, kawin sababraha kali, anakna lain hiji, datang ka henteu kaurus, balatak unggal tempat, nyusahkeun nu jadi rabi, turug-turug mawa sangsara ka budak.
Lantaran pisah jeung bapa, henteu pati diperduli, ahirna jadi balangsak, poma Alim masing eling, pamenta kami Alim, ulah kajadian kitu, sing nyaah ka turunan, matak cilaka ka diri, ulah sampe meunang ngaran jalma nista.
Ceuk Salim pamuga-muga, ulah ngalakonan abdi, nu sarupi kitu tea, sing bisa nohonan wajib, jalan anu utami, nurut laku anu mulus, lampah kamanusaan, saur tuan sukur Alim, muga-muga paneja mangka laksana.
Jeung naha Alim iraha, erek nepungan Wiryadi, meureun geus sono kacida, jeung dulur hayang papanggih, walon Jang Salim enjing, mun idin reh dinten Minggu, bade ka rorompokna, supados jongjon badami, saur tuan hade teu aya halangan.
Kacatur bae enjingna, Ujang Salim enggeus indit, bareng jeung Dolf duaan, tarumpak kareta mesin, di jalan teu kawarti, geus datang ka Kebonjeruk, rakana nyampak aya, kasampak eukeur caralik, jeung pribumi nya eta nu ditumpangan.
Barang pribumi naringal, tamu anu gagah ginding, lebet bari pupuntenan, lajeng ngamanggakeun linggih, Wiryadi gancang indit, nyandak jas dianggo tuluy, tawis hormat ka semah, bijil jeung nyodorkeun korsi, bari dongko ngamanggakeun sina lenggah.
Ujang Salim barang ningal, tata rakana Wiryadi, seuri di jero hatena, kataksir lalieun deui, tapi sajero seuri, atina mah tugteg