Kaca:Wawacan Pareumeun Obor II.pdf/77

Ieu kaca geus diuji baca

leungeunna, dicekel digunying-gunying, pada nyebut henteu nyana, rek tepung papanggih deui.

Teu eureun-eureun ngawadul, sajajalan bari balik, nyaritakeun lalakonna, laku-lampah waktu tadi, sajero keur pipisahan, Cep Tarlan mah komo deui.

Nanyana talete langkung, ti kawit mimiti leungit, ku Jang Salim dicarita, ti awal nepi ka ahir, Cep Tarlan nu aya heran, olohok ngadangu Salim.

Dina keur waktu kasarung, uprak-apruk tengah peuting, meuting di jero astana, nepi ka trus nandang gering, di rumah sakit tatamba, dicaritakeun ku Salim.

Cep Tarlan anu ngarungu, bungah pabaur jeung sedih, sedih ngadenge carita, waktu sangsarana Salim, bungah salamet patepang, meunang kabungahan leuwih.

Cep Tarlan deui nya kitu, nyaritakeun tina kawit, keur waktu ngaprak neangan, ngider weleh teu kapanggih, nepi ka nyangka geus ajal, nurut raratan nu bukti.

Ku Ujang Salim dijantur, hal jeung Den Wiryadi deui, Cep Tarlan nu aya heran, reh lalakon aneh teuing, anu teu disangka-sangka, dulur sabapa jeung Salim.

Jero ati Tarlan sukur, wireh dina waktu tadi, Tarlan aya pangharepan, ka Salamah maksud ngawin, ngan pedah kapiheulaan, kapegat ku Den Wiryadi.

Upama sepuhna rempug, mun pareng keur senang ati, ka Salim erek bebeja, pijalaneun malar hasil, jadi jodo jeung Salamah, babarengan jadi hiji.

Enggalna bae dicatur, Salim sanggeusna ngahiji, jeung sobatna Ecep Tarlan, lamun ti sakola bijil, gulet ruket reureujeungan, siga baheula keur leutik.

Kitu deui mun rek asup, silih sampeur pili genti, asup bijil tara pisah kacaturkeun lami-lami, Salim sataun lilana, sakolana partikulir.

Pareng dina hiji waktu, di Bandung pisan mimiti, aya samen