Kaca:Wawacan Pareumeun Obor II.pdf/86

Ieu kaca geus diuji baca

bumen-bumen tuluy matuh, sadaya nu di dinya, teu aya nu teu narangis, ngarupingkeun sangsarana keur neangan.

Cep Tarlan inghak-inghakan, ngarangkulan Den Wiryadi, reh kacida teu nyanana, teu nyangka sama sakali, babaturan geus lami, horeng jeung dulur saibu, sumawonna Patimah, jeung ibu Tarlan narangis, aremuteun ka raka nu enggeus hilang.

Duka ditungtungan suka, nangis digentos ku seuri, tungtungna ager-ageran, wireh ku teu nyana teuing, lantaran Ujang Salim, nepungkeun anak jeung indung, teu eureun sosonoan, sakur nu anyar pinanggih, siang-wengi henteu eureun rerentatan.

Bujengkeun bae enggalna, maksud Cep Tarlan geus hasil, badami papada sepah, jeung Salamah bade kawin, caturkeun geus sayagi, sakadar muru perelu, hajat anu didadak, nu teu diemut ti tadi, saayana saukur tamba lumayan.

Teu aya nu dibejaan, tatangga anu tarebih, saukur anu di dinya, sadongkapna ti masigit, memeh lebet ka bumi, panganten nurut karuhun, perlu disawer heula, tukangna enggeus sayagi, nu ngabaku Mas Nata tukang sawerna.

Saprantos tamat nyawerna, panganten lebet ka bumi, caralik dina amparan, pamasangan geus sayagi, jadi tali-paranti, bakakak hayam teu kantun, hancengan pangantenna, istri-istri geus caralik, huap lingkung nyarengan paganten anyar.

Geus beres hajat walimah, teu antawis lami deui, panganten lajeng marangkat, jeung Tubagus Jurutulis, Den Wiryadi teu kari, pada nyalekar ka kubur, ngarembang ka ramana, nya eta Tubagus Bisri, nu dipalar disuhunkeun berekahna.

Bujengkeun bae enggalna, nu keur panganten birahi, di dieu teu dicarita, catur bae geus marulih, mangsana enggeus tepi, tutug perelop saminggu, Tarlan Tubagus Raksa, sareng Tubagus Wiryadi, naruluykeun damel kumaha biasa.

Hirupna sadaya mulya, jeung saderek rukun rapih, sabagja jeung sacilaka, sapapait-samamanis, layeut ngajadi hiji, sanajan anggang pajauh, pada silih suratan, ka sepuhna kitu deui, harareman ngagarajih saban bulan.

83