Kaca:Wawacan Purnama Alam I.djvu/10

Ieu kaca geus divalidasi

8

9. Kana maksud Ki Purnama, jen njiar bangsa pangarti, malah djadi kabungahan, ngan nja eta anu djadi, ku ěmbung boga rabi, kadua ku matak gujur, anu bakal ngagoda, awewe nu djadi iblis, kasetanan narik lampah kalatjuran.

10. Tatapi lamun rêmpug mah, reudjeung Ki Aria Patih, ka kakang bareto aja, hidji wiku menta idin, tjitjing di těpiswiring, tanah pangawatan kidul, di gunung Gurangsarak, menta djadi guru santri, rek ngamalkeun kitab papagon agama.

11. Ku sabab eta ajeuna, pamaksud kakang pribadi, pěrkara Purnama Alam, arek didjurungkeun indit, sina di wiku tjitjing, minangka buang ka gunung, pasantren Gurangsarak, sugan sanggeus djadi santri, purun nikah ka Putri Ratu Ambarak.

12. Djeung kadua pěrkarana, ku kakang anu dipambrih, arek dipake tanggêlan, awad ka jaji Narpati, njuhunkeun tempo deui, Purnama arek disêbut, keur nudju ngalap kitab, elmu panêmu di rêsi, rek dipake daku ka Ratu Ambarak.

13. Arja Patih ngawangssulan, mênggah abdi dalêm jakti, katur sakalintang rêmpag, kana sadaja panglahir, amung kêdah didjagi, bilih ngalolos teu puguh, ti gunung Gurangsarak, saur Ratu bênêr Patih, poe isuk anteurkeun ku sarerea.

14. Ajeuna kudu sadia, gulang-gulang para mantri, nganteurkeun Purnama Alam, ka rêsi paguron santri, reudjeung ajeuna misti,. nitah mantri buru-buru, ka gunung Gurangsarak, mawa surat keur ka Rêsi, mere têrang baris datang Ki Purnama.

15. Sanggeus nimbalan Sri Nata, ladjêng miwarangan mantri, njaur Sang Purnama Alam, gantjangna anu digurit, Pangeran Putra sumping, ngadeuheus ka pajun Ratu, lênggah barêng djeung sêmbah, hanteu lami Sang Narpati, ngadawuhan ka Radja Putra Purnama.

16. Eh udjang Purnama Alam, anak ama buah ati, anu matak ditjalukan, ama teh arek badami, ku sabab leuwih-leuwih, ama nandang pikir sukur, bungah taja padana, nendjo ka udjang pribadi, djunun wêkêl kana ngalap pangabisa.

17. Malah geus djadi utama, njangking harti pilih tanding, tur mashur satia rasa, ama leuwih bungah ati, ngan aja anu djadi, kana ngaburungkeun sukur, matak rempan pikiran, ama manggih bedja sidik, jen udjang teh matak tagiwur nagara.

18. Ku sabab eta ajeuna, purun teu purun ge misti, udjang teh saheulaanan, ulah aja di djro nagri, samemeh boga rabi, kudu masantren