Kaca:Wawacan Purnama Alam I.djvu/114

Ieu kaca geus divalidasi
112

lir lain Dipatya, bět boga hate djědjěrih, nadah seber teu wani, ka Ratu nu pangkat kitu, ngaran Putiasukma, paman lir lain lalaki, kapan paman Bopati kasenapatyan.

6. Tatapi ari ěnja mah, hate paman hanteu wani, ka ngaran Putiasukma, kaula sanggup teh teuing, ka paman nja ngadjaring, nulung sagala kabingung, malar kasalamětan, salira paman sajakti, djeung sakabeh wadia para ponggawa,

7.  Ngan kula aja pamenta, mungguh ka paman pribadi, ku sabab lantaran kula, pangbidjil ti puser bumi, pěrělu leuwih-leuwih, dua pěrkara nja maksud, kahidji ěnja eta, nangkép Kumba Aring-äring, kaduana aja anu diteangan.

8.  Bangsa istri kamanusan, djěněngan Dewi Pramanik, nu geus njangking kadewian, istri pangkatna sadjati, nu matak dipilari, kula teh nandang kabingung, hal pěrkara masalah, nu rumbit di djěro ati, sisip budi kaula tatjan mirasa.

9.  Bawaning ku nandang susah, kula těrus mudjasmedi, něněda asihing Dewa, nitiskeun lantip nja budi, ka kaula pribadi, ku bawaning kula tuhu, kadatangan ilapat, soara tan katingali, netelakeun nu bakal bisa nulungan.

10.  Pramanik djěněnganana, anu kudu dipilari, di dunja kamanusaan, tah eta kitu panglahir, ku kula nu kakuping, pituduh ti bangsa luhung, anu matak ajeuna, kula neangan Pramanik, di wewengkon alam dunja kamanusan.

11.  Ajeuna tatjan kapěndak, nu matak kula měrědih, mungguh ka paman Dipatya, kula bantuan milari, nu djěněngan Pramanik, upama parěng katimu, asal tuduhan paman, kaula di ahir pasti, salawasna ngaběndung kabingung paman.

12.  Djeung bisi paman teu těrang, ka diri kula pribadi, kula ti Tolongtělěngan, ama kaula Narpati, Sang Sri Maha Saksari, mangkurat bumil pingpitu, Ratu bangsa kadjinan, djeung ngaran kula nu jakti, nu katělah Sang Adjeng Ratna Suminar.

13.  Ratu Banuja ngandika, pěrkawis nu dipigalih, montong djadi kasěsahan, ngilari Dewi Pramanik, paman sanggěm teh teuing, mung paman aja piundjuk, ajeuna mangga lenggah, urang barěmpag nu jakti, dina panggung palalangon pasanggrahan.

14.  Walon Sang Putri sumangga, gantjangan těrus lalinggih, dina djěro pasanggrahan, sami linggih dina korsi, Putri djeung Raraspedi, Gěndarata hanteu kantun, dina korsi satata, kawantu geus pangkat rěsi, sěsépahna panarosan Sang Banuja.