116
tjarios, kotjap Sang Maha Narpatya, Ratu nagri Riskomar, harita nudju běrhimpun, magělaran di paměngkang.
26. Sakabeh para bopati, bawah parentah Riskomar, djeung Arja Mantri kaliwon, hempak pajuneun Sri Nata, ari nu djadi pasal, běrhimpun guneman saur, sadaja para dipatya.
27. Hanteu aja sanes deui, amung ku kewuhan manah, Sri Maha Ratu Pramajon, dumugi djadi teu damang, bawaning ku baluas, liwung mangpaung ning kalbu, purwa kedanan ku putra.
28. Hanteu lami Sang Narpati, ngandika ka sadajana, para aria bopatos, sarta bari tjumalimba, ajeuna ka sadaja, para Bopati Tuměnggung, anu hadir di paměngkang.
29. Sumědja hatur tingali, malar sami aruninga, marga sami diangkir teh, ka karatoning Riskomar, sědja rek rěrěmpagan, hal nu djadi marga ewuh, wiwitan Purnama Alam.
30. Leungit musna tanpa lebih, murtja něpi ka ajeuna, disirat ka saban katong, sami walonan teu aja, estuning matak heran, ku leungit teu puguh-puguh, ti djěro karang kaputran.
31. Tatapi aja nu leuwih, nu njusahkeun kana rasa, leuwih ku anak pribados, nunggarakeun karentagan, asal kahandjakalan, kaduhung něpi ka liwung, rasa poek bumi-alam.
32. Wiwitan katarik iblis, kagoda rantjana setan, kadjurung ku napsu goreng, lantaran ku kareuwasan, leungit Purnama Alam, terus ganggu, nundung mantu, si Njai Dewi Kania.
33. Kaduhung teuing diusir, dibuburak ti nagara, ajeuna karasana teh, lamun aja si Njai mah, moal rasa teu aja, si Udjang Purnama Sunu, ku sabab aja bodjona.
34. Ajeuna rasaning ati, leuwih-leuwih tina nista, marga tunggara nja hate, ras ka mantu ras ka anak, terkadang tutulujan, baluas tumuluj udur, njorang kana baja wapat.
●●
Dangdanggula
1. Boga rasa palangsiang diri, njorang pati ku lantaran susah, kaedanan ngaganggajong, ku anak djeung minantu, ngan ajeuna rek měrih pati, ka sadaja prawarga, bopati tuměnggung, sugan sami lědjar manah, sědja menta pertanda wareělas asih, ka nu djadi Narpatya.
2. Pangnjungsikeun ka saban nagari, Ki Purnama djeung Njai Kania,