Kaca:Wawacan Purnama Alam I.djvu/120

Ieu kaca geus divalidasi
118

12.  Sang Durpina teu lami ngalahir, Dampal Dalēm ulah waka rempan, nja sugan dengdekna engke, mung ulah waka gěruh, rusuh nuding aja di langit, antaraan sakědap, sugan laun-laun, katingal aja tjondongna, ajeuna mah antos ku sadaja mugi, dina antara sadjam.

13.  Sadajana tumenggung bopati, kana haseup henteu pětot ningal, keukeuh ngantos2 tjondong, tunda para tuměnggung, katjaturkeun Sang Ratu Putri, Adjeng Ratna Suminar, nu aja di luhur, keur lěnggah di mega-malang, saluhureun dajeuh Riskomar nagari, bari ningal ka handap.

14.  Katingali sidik jen nagari, hanteu lungsur tina semang manah, aringgis nagari sanes, lain nu rek didjugdjug, kitu manah Sang Ratu Putri, tungtungna seug sasambat, ka Pangeran Sunu, duh Gusti Purnama Alam, mugi-mugi lědjar galih wělas asih, ka abdi anu hina.

15.  Anu lintang maas sisip budi, něda tulung di mana lěbahna, Riskomar nagri Gusti teh, ku abdi rek didjugdjug, tina abdi kalintang tigin, kana maksad laksana, ka Gusti mituhu, dunja dumugi aherat, nadjan hanteu katampi kalajan asih, moal kanděg bumela.

16.  Barang eukeur sasambat Sang Putri, haseup kukus dongkap kana mega, mulěk maběk ku wawangen, ku Sang Putri kaambung, langkung sěděp ngangseu wawangi, sartana ngawuwuhan, kana lěbět kalbu, sumědot ka Radjaputra, kahojongna kana enggal damang deui, salira Sang Purnama.

17.  Sarta langkung nandang kaget galih, tina sabab ngangseu seuseungitan, sarta haseup mulěk nodjo, ka salira Sang Aju, barang hantěm disidik-sidik, ditingali ka handap, pěrtela bět kukus, ti djěro eta nagara, Ratu Putri njaur salěběting galih, bari ningal ka handap.

18.  Ěmh paingan seungit ngadalinding, da pěrtela ti djěro nagara, nu boga lampah ngukus teh, di tengah alun-alun, kawas anu djadi narpati, anu boga alpukah, ngarawun ku kukus, djalanan meunang kasusah, eukeur něda sih pitulunging Batari, njambat para Dewata.

19.  Eta kukus geus moal sak deui, sarta tangtu beunangna tatanja, ti adjar nu leuwih kahot, alpukah anu kitu, atawana adjar pribadi, anu datang ka dinja, diogan ku Ratu, buat něda ka Dewata, sarta tangtu moal samanea rěsi, diangkir ku narpatya.

20. Pasti rěsi nu gunawisakti, geus kamanah ku para narpatya, sipat masälah nu aheng, tapi aing pěrělu, turun heula ka eta nagri, laladjo nu keur njambat, ka bangsa nu luhung, wajahna nahan kaera, reudjeung sugan aja pangaku ka aing, anu djadi Narpatya.

21. Lamun ngaku aing rek měrědih, menta tuduh di mana lěbahna, ngaran Riskomar karaton, barang geus njaur kitu, Ratu Putri tina wiati,