Kaca:Wawacan Purnama Alam I.djvu/125

Ieu kaca geus diuji baca
123

putra sanggup nulung, mun damang Sang Nurdjaman, putra nu ngalawan pasti, sanggup nilas beuheungna Putiasukma.

24. Sri Maha Ratu Riskomar, ngadangu saur Sang Putri, sumiak paromanana, margi ku ewuhna galih, djalan dua pěrkawis, ku saur Sang Ratu Aju, wireh rek dirurugan, ku Sang Putiasukmadji, keur dadasar rada rempan ti tadina.

25. Ari kadua perkara, Ratna Suminar putri djin, bade ka Dewi Kania, mundut landong anu matih manahna Sang Narpati, taja papadana ewuh, asup kana babasan, mandjing kiamat nja galih, langkung lungse paroman Maha Narpatya.

26. Lokotoj leuleus salira, ilang sagala panggalih, Sri Maha Ratu Riskomar, lantaran ku saur Putri, hanteu jasa ngalahir, himeng sagalaning elmu, ngahuleng taja daja, keur lara katambah njeri, ampir-ampir tunggara mědal tjisotja.

27. Tumungkul hanteu ngandika, ngamanah baris ngalahir, Sri Maha Ratu Riskomar, tatapina lami-lami, těras bae ngalahir, paman langkung-langkung bingung, nampi pamariksaan, hal mantu ama nu jakti, ěnja eta ngaran Nji Dewi Kania.

28. Marga djadi kabingungan, mikiran diri pribadi, kawas keuna hukumullah, sapandjang nadangan hurip, wungkul ati prihatin, djadi djuru ngandung bingung, henteu aja anggeusna, bong-abong dihin pinasti, henteu beunang ku sarat gawe kiparat.

29. Wirehing kieu asalna, marga ama sěsah leuwih, ama teh njorang tjilaka, parantos satahun leuwih, leungit anak sahidji, wastana anu saestu, nělah Purnama Alam, tina kaputran ti peuting, leungit musna nja dumugi ka ajeuna.

30. Bodjona nu kantun aja, saban poe djěrat-djerit, nja eta Dewi Kania, geus poho bawaning njeri, ditilar ku salaki, asal leungit teu pupuguh, meh bae njorang owah, amung Kania teu lami, milu leungit diteangan teu kapěndak.

31. Nja dumugi ka ajeuna, lěběng teu kapěndak deui, Purnama sareng Kania, ama anu kantun njeri, siang sinareng wengi, taja papadana bingung, turug-turug ajeuna, ku Njai teh dipilahir, ama arek dirurug ku Sang Ambarak.

32. Atuh ama teh teu kira, keur lara ditindih njeri, Sang Adjeng Ratna Suminar, nguping saur Sang Narpati, ngadjěngok dina galih, tumungkul bawaning ewuh, njaur lěběting manah, kutan teh ieu Narpati, manahoreng rama Sang Purnama Alam.

33. Djadi aing leuwih susah, ku pasal ieu pěrkawis, ari rek waktja