Kaca:Wawacan Purnama Alam I.djvu/130

Ieu kaca geus divalidasi
128

27.  Djeungna deui ingětan aing nu estu, sia anu matak wani milampah kitu teh, njumput dina handapeun korsi kantjana.

28.  Maksud njunglap ngadodja ka aing tangtu, njoba kagagahan, sia ka diri aing teh, njieun tanda wani ngajon pangawasa.

29.  Anu matak ajeuna aing teh njusul, ngadjambak ka sia, maksud rek ngahukum bae, bongan sia kumawani kitu pěta.

30.  Kena-kena bisa pěrdjalanan ngapung, ngambah djumantara, boga lampah leber hate, kana ganggu ka ngaran Ratna Suminar.

31.  Naha aing dikira teu bisa njusul, kana djumantara, djeung mun enja běněr maneh, gagah rosa tjoba masing bisa obah.

32.  Atawana tina leungeun aing utjul, lamun sia bisa, běněr sia saktina teh, senapati djurig onom duruwiksa.

●●

Sinom

1.  Buta wungkul totobatan, ka Sang Adjeng Ratna Putri, teu bisa ngobahkeun awak, bawaning kalangkung njeri, didjambak ku Sang Putri, bati njebut aduh-aduh, djeung něda dihampura, basana duh Ratu Putri, mugi agung marga wělas pangaksama.

2.  Djisim abdi bade nekad, babakti satia ati, sumudjud dunja-aherat, tumut di bawah panglahir, maksad abdi migusti, ka lenggah gamparan estu, kalajan katur sumpah, naruhkeun bahja djeung pati, bilih abdi hate serong ka gamparan.

3.  Amung abdi enggal-enggal, ku kersa gamparan mugi, kéntjarkeun ulah didjambak, bok abdi pinanggih pati, teu kiat nahan njeri, Ratna Suminar ngadangu, kana piundjuk buta, taluk bakti sětya ati, sareng sumpah taruh pati anu nista.

4.  Atuh Sang Ratna Suminar, lipur kapusingan galih, ngadangu tobatna buta, tungtungna djadi tibalik, djorodjoj manah asih, taja tapak urut běndu, tina sabab bubuhan, Ratu Putri těrah Gusti, sěring ngumbah ku hak djatining kusumah.

5.  Sarta harita teu lila, dilesotkeun ku Sang Putri, tina geus ngaraos wělas, jen buta kadangu sidik, sasambat serah diri, maksud rek sumudjud taluk, tumut dunja-aherat, Ratna Suminar teu lami, ladjeng bae ngandika ka eta buta.

6.  Sia teh bět humajua, wawanen ganggu ka aing, ahir bět kitu buktina, komo lamun ditampiling, terkadang sia mati, karek ku ditjěkěl