Kaca:Wawacan Purnama Alam I.djvu/17

Ieu kaca geus divalidasi

15

di bumi patamon, kira pukul tilu siang, kulēm di pagulingan, gugah pukul opat nudju, siram di bak patamuan.

12. Hanteu lami para mantri, saenggeus ngaronda těmpat, téras deui ka patamon, katjatur poe isukna, paramit ka Sang Putra, bade ka nagara wangsul, mělang nilar padamělan.

13. Sang Putra maparin idin, ka sadaja nu pamitan, gantjang sami mulang bae, murudul tarunggang kuda, ti gunung Gurangsarak, katjaturkeun anu tugur, ngarentjangan Radjaputra.

14. Hidji djongos hidji koki, djeung gandek tukang seseka, ngadjaga kotor parabot, kaopat djuru simpěnna, sagala barang-barang, reudjeung kalima minatu, bisi kotor panganggona.

15. Sang Radjaputra kawarti, harita nudju Djumaah, didaměl wiwitan ngaos, kana sakur kitab-kitab, pakih badjuri sulam, tasaup djeung terus nahu, tadjwid sapinah bidajah.

16. Tara di madjlis di masdjid, ngaosna Sang Radjaputra, hanteu ingkah ti patamon, Sang Resi nu ngadongkapan, saban pukul dalapan, dongkap kana pukul satu, tjara tata nu sakola.

17. Wantu-wantu seukeut galih, tjaang padang gampang ilham, waridan tereh kahartos, tětěs njari dina rasa, wantuning ti tadina, djuru djunun njiar elmu, mahamkeun di pagulingan.

18. Bawaning ku tigin galih, kana hojong enggal jasa, tara lungsur wungkul ngaos, kaluarna ngan ka djamban, di karang patamuan, djadi sagala teu maphum, kaajaan Gurangsarak.

19. Samalah ti barang sumping, Sang Radjaputra Purnama, tara aměngan lělěson, sakitu geus kalamian, aja tilu sasihna, teu atjan ka bumi Wiku, malah ka masdjid ge tara.

20. Atuh urang Paramanik, loba anu tatjan terang, ka eta Pangeran Anom, djaba ti santri sadaja, anu bareto mapag, anu terang ka Sang Sunu, tina kakasepanana.

21. Dewi Kania kawarti, anu kukuh kapengkuhan, mustika putri pasantren, harita teu atjan těpang, sareng Pangeran Putra, wantu tara lungsur-lungsur, Sang Kania ti bumina.

22. Ngan wungkul lungsur ka tjai, ku bawaning kèkěl manah, kana nalek ngalap hartos, malah-malah sumawonna, bangsa kasebut semah, pribumi ge tjarang tepung, sareng Sang Dewi Kania.

23. Kitu anu djadi margi, teu těpang sareng Sang Putra, malah waktu sumpingna ge, Kania teu jasa měgat, ti djalan patamuan, sabab Sang Dewi keur nudju, rarepot ku padamělan.

24. Turug-turug rada těbih, kira lima puluh tumbak, kahalangan ku