Kaca:Wawacan Purnama Alam I.djvu/173

Ieu kaca geus diuji baca

173

waspada ka nu tjunduk, Maha Ratu ngandika, geuning itu buta teh bet enggeus tjunduk, sidik tina djumantara, datangna barêng djeung angin.
17. Hayu urang dareukeutan, bisi bae buta nu sedjen deui, Gendarata seug ngawangsul, njumanggakeun ka Radja, hanteu lami těras Sang Sri Maha Ratu, lungsur ti djro pasanggrahan, geus těpang djeung Mandrawati.
18. Teu lami Ratu Banuja, pok mariksa ka Patih Mandrawati, maneh arek naon maksud, datang ka ieu tegal, Mandrawati ka Maha Ratu ngawangsul, nu matak ka dieu kula, rek ka Ratu Raraspedi.
19, Kaula ngêmban dawuhan, ti keresa Putri Ratu nagri djin, dajeuh di bumi pingpitu, Adjeng Ratna Suminar, ka kaula miwarang kudu ngabantun, surat ka Ratu Banuja, anu ngaran Raraspedi.
20. Ngandika Ratu Banuja, nja kaula nu ngaran Raraspedi, Ratu Banuja nu estu, tjoba mana suratna, djéung di mana ajeuna Sang Ratu Aju, Mandrawati ngawangsulan, pêrkara Sang Ratu Putri.
21. Waktu ajeuna lenggahna, sasarêngan sarêng Dewi Pramanik, di puntjak gunung Sirkawur, di aki pangêbonan, hanteu lami Mandra saenggeus piundjuk, ditjandak ka pasanggrahan, ku Sang Ratu Raraspedi.
22. Diukna ogedi handap, sabab korsi moal aja nu mandjing, baris Mandrawati diuk, teu lami Sang Banuja, maos sêrat ungêlna anu kamaphum, kang rama Ratu Banuja, nu linggih di têgal kai.
23. Kang putra hatur uninga, tina margi ajeuna putra jakti, aja bêrkah paman estu, laksana pamaksudan, enggeus têpung sarêng nu di susul-susul, Sang Dewi Pramanik tea, di gunung Binarum masdjid.
24. Tatapi ajeuna putra, keur pělěsir ngiring Dewi Pramanik, di puntjak gunung Sirkawur, putra tatjan kantênan, piwangsuleun ka tětělar Sulungtubu, karana ngantos dawuhan, ti kêrsa Dewi Pramanik.
25. Ngan ajeuna maksud putra, Arja Patih Ki Kumba Aringaring, ajeuna teh buru-buru, ku Ginggi kudu bawa, ulah elat ka puntjak gunung Sirkawur, barêng djeung ieu djurungan, Aria Patih Burbani.
26. Djeung kadua pěrkarana, sadajana ulah waka njalingkir, tina Têgal Sulungtubu, antos heula kang putra, salam putra di puntjak gunung Sirkawur, Ratu Karang-panjiksaan, Ratna Suminar putri djin.
27. Barang tamat maos sêrat, Sang Banuja ka Den Gěnda ngalahir, bêt sêrat aja pamundut, Adjêng Ratna Suminar, miwarangan Arja Kumba sina bantun, ku Ki Mantri Padjarangan, ka Sirkawur têmpat tani.
28. Djeung ieu nu mawa surat, diungêlkeun dina salêbêt tulis, Papatih Burbani estu, djadi rentjang Sang Ratna, kaduana njarios parantos tepung, djeung Dewi Pramanik tea, tepangna di gunung Masdjid.