Kaca:Wawacan Purnama Alam I.djvu/174

Ieu kaca geus diuji baca

172

29. Ku marga eta ajeuna, wangkid ieu menggah rai nu jakti, mung emutan hênteu langkung, kumaha kersa kakang, naha rempag mun didjurungkeun dibantun, da puguh djelema urang, ieu Kumba Aringaring.
30. Upama kakang teu rempag, naha nanggel dina benduna Putri, tjobi rai nêda saur, mupakat manah kakang, hanteu lami Gěndarata seug ngawangsul, mung raos abdi Gusti mah, sae kintunkeun ka Putri.
31. Margi keur naon damêlna, diajakeun Sang Kumba Aringaring, emutan karidu-ridu, kadua pêrkawisna, saupami raka Gus anu estu, Sri Maha Putiasukma, njusul ka salira Gusti.
32. Njababkeun marga teu kêbat, ngabêlênggu Sang pimajah narpati, Dampal Gusti aja daku, sěbatkeun Arja Kumba, leungit musna tina Têgal Sulungtubu, duka kabur duka minggat, embungeun didjieun saksi.
33. Ngandika Ratu Banuja, ka Aria Mandrawati djeung Ginggi, nja-heg bae atuh bantun, reudjeung ieu kaula, titip surat baris ka Sang Ratu Aju, badaratna muga-muga, kêdah enggal deui sumping.
34. Hanteu lami Arja Kumba, ku Aria Mandrawati djeung Ginggi, dibuntêl ku lajar butut, ditumbuan ku kasang, sanggeus buni dibeungkeut ku tambang indjuk, bisina gugurindjalan, ragrag ti têngah wiati.

Sinom

1. Gantjangna ieu tjarita, Mandrawati Mantri Ginggi, têrus njêmbah ka Sri Nata, seug njarita Mantri Ginggi, ka Patih Mandrawati, tjing ku êmbok bae panggul, ngan ulah disasaran, bok bilih buntutna usik, walon Mandra êmbung sieun ngagurindjal.
2. Nji Aria Patih Mandra, hanteu lami ladjêng singkil, trus manggul gulungan Kumba, biur ngapung ka wiati, diiringkeun ku Ginggi, lir manggul gulungan kasur, ngěbut di djumantara, ngawingking tibabaranting, da katêbak ku topan di djumantara.
3. Tunda nu di awang-awang, kotjap deui para putri, Pramanik Ratna Suminar, harita nudju lalinggih, teu kantun Turna Turni, di tepas nudju ngariung, ngaleueut sukan-sukan, Dewi Pramanik ngalahir, ka kang rai Sang Adjêng Ratna Suminar.
4. Naha aji geuning lat, bibi Patih Mandrawati, masih keneh tatjan datang, diitung geus gěněp peuting, nu djadi kaaringgis, Sulungtubu teu katimu, tuluj kalunta-lunta, ka gunung nu lian deui, ngawangsulan