Kaca:Wawacan Purnama Alam I.djvu/177

Ieu kaca geus divalidasi

175

sumangga, urang něraskeun nu tadi, mariksa Turna Turni, anu djadi asal-usul, lantaran luluntaan, ngawalon Dewi Pramanik, nja sumangga ku aji geura pariksa.

25. Teu lami Ratna Suminar, ngalahir ka Mantri i Ginggi, ajeuna maksud kaula, ting leuwih suka ati, sabab maksud ngadjadi, salamět mulus rahaju, laksana bisa těpang, sarěng Sang Dewi Pramanik, maksud kula ajeuna rek pakaulan.

26. Arek nanggap dongeng Turna, rětdjeting ieu bibi Turni, ku paman Mantri pamuga, dengekeun masing kaharti, njumanggakeun Ki Mantri, ka kěrsa Sang Ratu Aju, těras deui Sang Ratna, ngalahir ka Turna-Turni, miwarangan pili gěnti tjatjarita.

Kinanti

1. Hanteu lami Turna těrus, ngambangkeun dawuhan Putri, ngadongeng laku-lampahna, dititik diapik-apik, satapak hanteu kaliwat, ti awit djadi papatih.

2. Di nagara Sulungtubu, leungit putri Sang Narpati, tina djěro pagulingan, dumugi kana ngadjadi, Arja Patih Langlangturna, daměl kana djuru tani.

3. Di puntjak gunung Sirkawur, sarěng garwa Kal Turni, alias Siti Turnia, sartana kana dumugi, patěpang sarěng sadaja, harita djeung para Putri.

4. Barang Turna enggeus tutup, njarita ka para Putri, kadangu ku sadajana, aneh sarta leuwih-leuwih, ngagetkeun kana manahna, lalakon Turna djeung Turni.

5. Ki Mantri Ginggi katjatur, pias sartana ngagidir, tjara anu nandang reuwas, jen nguping Turna wawarti, Ratna Suminar waspada, ningali ka Mantri Ginggi.

6. Ratna Suminar kalangkung, kaget salěběting galih, sartana těrus mariksa, Sang Putri ka Mantri Ginggi, pereg sarta tandang dangah, wantuning adat sasari.

7. Paman Mantri naha kitu, rupa pias tur ngagidir, rumenghap tjara nu reuwas, wuri-wuri nguping warti, dongeng paman Langlangturna, paman ngagidir lir gimir.

8. Ku naon nu matak kitu, kawas aja pasal margi, kabuka lampah.