20
kung bungah jen putra nampi pasihan.
28. Dibeber disampaj-sampaj, ditilik dibulak-balik, dalingding wawangen dupa, nantjĕb ka galih nu geulis, njari di sanubari, djadi emut ka nu ngintun, geugeutna kana sindjang, tungtungna tjĕlĕtit njiwit, bari imut kana pingping Nji Hamiah.
29. Hamiah těras njarita, tapi ěmbi nandang isin, ku Sang Pangeran Purnama, lantaran Njai pribadi, teu beunang dipiwargi, hanteu pisan muru-muru, datang ka patamuan, ti barang Pangeran sumping, hanteu aja tanda bungah disumpingan.
30. Samalah tadi suarna, munguhing Njai teh misti, ngadeuheus ka patamuan, saurna ku hajang pangih tong aja pikir risi, ragab rempan djěro kalbu, da puguh djeung baraja, kaduana pada santri, tah sakitu dawuhan Sang Radjaputra.
31. Ngawalon Dewi Kanja, kuring mah supaja idin, ti ibu sarěng ti ama, estu moal burung teuing, siang atawa wěngi, ngadeuheusan buru-buru, ka Sang Pangeran Putra, Sang Rěsi těras galah, nja djig bae ama mah mo ngahalangan.
32. Balikanan teu něpangan, dusun abong urang sisi, teu aja basa sonagar, tangtu pada nuding-nuding, kana basa kiwari, alus tangtung djědjěr lisung, ŝonagar di tětělar, sirna pikir ngambah pasir, di nagara gura-giru ku kaera.
33. Ibund deui wawarta, atuh iguh bae Njai, dumeuheus ka Radja putra, ajeuna kaburu burit, djeung kadua pěrkawis, eta sindjang nu kakintun, kudu pake isukan, malar sina katingali, tanda bungah djeung hormat ka nu masihan.
34. Gantjangna ieu tjarita, Dewi Kania teu rugi, numutkeun saur ibuna, teu katjatur waktu wĕngi, kotjap isukna deui, dikira geus pukul tudjuh, Dewi Kania rěntag, surser salěběting galih, hanteu pěgat isin samemeh patěpang.