Kaca:Wawacan Purnama Alam I.djvu/229

Ieu kaca geus divalidasi

Pangkur

1.Manetji reudjeung Manetja, segruk tjeurik nguping dawuhan Putri, jen moal kěrěsa nulung, nuduhkeun patěmpatan, Rohongguris sareng Ratu Burusganur, tungtungna mah sěrah badan, Manetja sarěng Manetji.

2.Gamparan abdi tinimbang, teu dimanah sugri panuhun adi, sae anggur abdi bunuh, tělasan ku gamparan, hirup oge dikintěn saumur-umur, taja marga kasěnangan, teu sěpi ririwit ati.

3.Eukeur mah lara ku marga, diri abdi estu pahatulalis, taja bapa taja indung, nuturkeun dulur tjikal, anu baris miara darapon hirup, kawuwuh běngis adatna, ka abdi teu aja adil.

4.Malah abdi pangkieuna, luluntaan sarěng ieu pun adi, teu aja nu teu kadjugdjug, mitjeun raga djeung njawa, tina sieun abdi ku nu djadi dulur, Sang Maha Ratu Rundjana, samalah saurna tadi.

5.Saupámi hanteu meunang, tangtos abdi kenging hukuman pati, ku kěrěsa Maha Ratu, bagdjana tangtos pisan, diri abdi ditundung teu kenging wangsul, kitu nu djadi margina, nu djadi kasěsah abdi.

6.Ajeuna abdi mangsana, njorang pati lantaran hěnteu hasil, ditilas beuheung ku dulur, saupami gamparan, těras taja piwělas kěrěsa nulung, Sang Adjěng Ratna Suminar, gumuju bari ngalahir.

7.Oh kutan Ratu Rundjana, dugal běngis tata teu aja adil, ka anu djadi sadulur, turug² teu pěrnah, kawas lain tata anu djadi ratu, teu ngutus bangsa ponggawa, papatih atawa mantri.

8.Ajeuna kami kakara, sědet ati aja watir saeutik, dikira satungtung buuk, ka maneh duanana, maksud oge nulung tapi moal rusuh, di waktu-waktu ajeuna, tempo dua tilu sasih.

9.Ari anu djadi sabab, paměrědih maneh teh leuwih², ngadjadikeun kana bingung, lantaran pasal beurat, leuwih-leuwih ti waridan sipat elmu, malah aja sasaratna, panadjěm basa paradji.

10.Atawa tjangkrub tjaina, moal beunang ku pangadji saringgit, itung² něbus elmu, lamun taja saratna, tangtu njangkang moal tiněmu djeung husu, nja djadi waridan gaplah, moal pinanggih djeung hasil.

11.Tah kitu nu djadi susah, turug² ku kami katingali, maneh teh sagala suwung, hěnteu barang teu uang, pikeun tandon panadjěm nampana elmu, ngan ajeuna kudu sabar, mun hajang pinanggih hasil.